Tapi hal anu ditulis di handap moal kajadian lamun euweuh alpukah ti kang Kumincir. Rohangan http://su.wikipedia.org/ munggaran mecenghul ku jasana kang Kumincir. Teuing kumaha carana basa Sunda bisa meunangkeun space dina wikipedia, henteu kaimpleng ku kalolobaan urang Sunda lianna (kaasup anu geus jadi doktor jeung profesor).
Salam, Aschev ----- Original Message ---- From: Aschev Schuraschev Sumanget joang kisunda téh sabenerna mah gedé. Sabengbatan, kuring nyokot conto tina sumanget joang kisunda anu jadi aktivis di wikipédia Sunda. Henteu loba urang Indonésia anu jadi pamaké basa daérah terus jadi pamaké (kontributor artikel) wikipedia. Anu katitén ku kuring, ti Indonesia, sélér Sunda jeung Jawa anu loba aktif di wikipedia téh. Aya ogé para pamaké ti sélér wong Banyumasan sarta hiji sélér ti pulo Sulawési, ngan jumlah kontribusina jauh dibandingkeun jeung nu dijieun ku sélér Sunda jeung sélér Jawa. Sabengbatan ningali statistik poe Saptu tanggal 12 Januari 2008 pukul 7.40, jumlah kontribusi anu dijieun ku dua sélér ieu, urang bisa ngabanding-banding saha anu leuwih boga daya joang diantara dua sélér ieu. Sélér Sunda: - admin: 5 (birokrat jeung kuncén) - pamaké: 501 (kaasup birokrat jeung kuncén) - artikel: 23.963 (total), 13.370 (nu alus), 104.744 (jumlah éditan) - ranking: 65 tina 253 Sélér Jawa: - admin: 7 (birokrat jeung kuncén) - pamaké: 778 (kaasup birokrat jeung kuncén) - artikel: 19.560 (total), 11.669 (nu alus), 93.716 (jumlah éditan) - ranking: 70 tina 253 (Pikeun data real time, bisa ditempo dina ramat loka: http://s23.org/ wikistats/ wikipedias_ html.php? sort=good_ desc) Katingali yén sanajan diawakan ku jelema anu leuwih saeutik, sélér Sunda ngahasilkeun kontribusi anu leuwih loba. Unjuk gawéna jiga Divisi Siliwangi waktu jaman perang kamerdékaan; saeutik mahi, mahi ngahasilkeun préstasi anu alus. Henteu kabayang kumaha lamun jumlah kisunda anu boga sumanget joang kitu téh leuwih réa, meureun hasilna rohaka. Komo lamun sumanget joang saperti kitu téh dilarapkeun ku réa kisunda dina widang-widang lianna (politik, ékonomi, sosial, budaya) di Jawa Barat jeung Banten, henteu mustahil kisunda bakal ngahasilkeun préstasi anu rohaka ogé. Masalahna ayeuna, naha bisa? Jeung, kumaha carana?

