Pileuleuyan, Kang Ading
  -Panineungan Cecep Burdansyah
  KURING mah ka Kang Ading teh moal nepi ka poho. Geus karuhan ari kana 
karya-karyana anu luhur ajenna mah, samodel novel Pipisahan, Nu Kaul Lagu 
Kaleon, atawa sinetronna anu fenomenal samodel Inohong di Bojongrangkong, apan 
kritik sosial sakitu matak seukeutna, bari tetep teu matak beureum ceuli anu 
dikritikna. Kitu deui katineungna ka Persib, apan basa dirawat di RSHS kamari 
ge, sakumaha anu dimuat ku Tribun, anjeunna tetep ngemutan sangkan Persib bisa 
maju.
   
  Ari anu matak kuring teu bisa mopohokeun ka Kang Ading, nyaeta bantuanana 
jaman sabalad-balad ngayakeun Pesta Sastra Sunda, awal taun 1990-an. Kang Ading 
mah estu ihlas mantuan kuring minangka panitia nu baluweng neangan duit.
   
  Kang Karno (Karno Kartadibrata, pamingpin redaksi Mangle) anu 
ngajongklokeunana mah. Idena ti kang Karno sangkan aya Pesta Sastra Sunda. Duka 
kumaha mimitina, Kang Karno ujug-ujug nunjuk kudu milu jadi panitia. Harita teh 
jeung Hadi AKS, Darpan, ari ketua Kang Bachtiar.
   
  Teu pupuguh deuih, kuring purah jadi bendahara, tukang neangan duit. Atuh 
puguh ngahulengna meh-mehan nepi ka linglung. Mangkaning acara Pesta Sastra 
Sunda teh rohaka, diayakeun tujuh poe di Rumentag Siang. Ari sumber duit can 
kairong. Jeung deuih kuring teu boga pangalaman jeung teu boga anleh kana 
neangan duit. Kawawuhan heureut, komo ka jalma jugala.
   
  Ari soal materi acara mah, ide mani teu sirikna merul. Kudu kitu kudu kieu, 
Itu salah ieu salah. Samodel Kang Wahyu (Wahyu Wibisana), apan katotol euyeub 
idena jeung tukang nyalahkeun. Gede sumbangan idena Kang Wahyu teh, kaasup 
nyarekanana, beak karep. Pokona matak pundung nu teu kaopan. Lebah dinya mah 
sabelas dua belas jeung Kang Ajip.
   
  Ngan palebah nepi kana soal dana, teu aya nu mere ide, kudu ti mana atuh 
sumberna. Saha anu haat mantuan? Sarerea ngabigeu. Ngan sarerea kawas anu saur 
manuk, nya keur naon atuh aya bendahara mun sarerea kudu mikiran duit mah. 
Bagi-bagi tugas, nu mikiran acara, mikiran pameran, mikiran saha nu bakal jadi 
pembicara tur sakalian ngontakna, nu mikiran pentas kesenian, pan geus puguh. 
Tah nu neangan duit ge pan puguh, nya wayahna bendahara. Geura, rek teu matak 
linglung kumaha.
   
  Papada panitia nyarankeun, sangkan ngumaha ka Pemda Provinsi. Terus terang 
wae, salian teu boga pangalaman urusan jeung birokrat teh, geus kapiheulaan 
manten ku hoream kudu nyarayuda ka birokrat mah. Atuda awal 1990-an, orde baru 
keur sakitu jumawana, birokrat the sasat raja, nu kudu dilayanan ku rayatna, 
lain malah ngalayanan rayat. Komo deui ieu kasebutna rek menta duit. Geus 
kabayang dikehed-kehed dikekesed.
   
  Lantaran didongsok ku papada panitia, suka teu suka, nya nyusun proposal 
tuluy digidig ka Pemda. Sakumaha anu diwangwang, ana disusud eta proposal 
kumaha nasibna, enyaan dipingpongna teh. Kalana kulunu di Gedong Sate jeung di 
DPRD, bari suwung nu wawuh.
   
  Keur baluweng kitu, ras ka RAF. Apan anjeunna anggota DPRD. Sarerea sapuk, 
enya muntang tulung we ka Kang Ading. Encan wawuh saenyana sareng Kang Ading 
teh. Tapi apal saha anjeunna. Lantaran kapeped ku pangabutuh, najan teu wawuh 
ge, lahlahan ditepungan di Kantorna, di Komisi E DPRD Jabar. Ah rek kumaha 
engke we. Paling ge disapirakeun, atawa apesna dipapatahan sina ulah baramaen, 
malah boa nepi ka diseungseurikeunana. 
   
  Barang gok jeung Kang Ading, teu disangka, anjeunna ngahiap. Komo sanggeus 
kuring nikukur heula, ti dituna mah ngawanohkeun yen kuring jol ti dunya nu 
sarua, sok tulas tulis, anjeunna mani giak ngabageakeun. Ti dinya kuring ujug 
ujug boga kesan, geuning Kang Ading teh lain wae bageur, tapi siga nu ngajenan 
ka budak ololeho pedah rek ngayakeun acara pesta sastra Sunda.
   
  Malah ka dituna kuring jadi asa boga bapa, bapa budaya. Atuda lain wae 
bantuanana Kang Ading teh, sanajan anjeunna sepuh, tapi haat mantuan nepi ka 
kudu cindek yen kuring kudu meunang bantuan. Proposal ge ku anjeunna 
disuhunkeun, rek dibawa ka Komisi E, basana teh lain rek diusulkeun, tapi 
Komisi E kudu nyaluyuan kana eta kagiatan, nu hartina kudu nedunan proposal 
panitia. "Wajib pamarentah ngarojong pesta sastra," kitu saurna. Kuring 
bungangang kacida. Tuluy meunang beja ti Kang Ading, Panitia anggaran 
nyaluyuan. Duh bungangang deui wae.
   
  Alhamdulillah, enya geuning proposal teh asup kana rengkolan APBD. Tah, 
palebah nyairkeun, lain perkara enteng geuning. Loba saratna. Malum sareng 
birokrat tea. Nya ahirna ka Kang Ading deui. Ku anjeunna ditadah-tuduh, meja 
mana wae nu kudu ditepungan teh. "Bejakeun we, ti Akang kituh." 
   
  Tah ku jalan perhatian Kang Ading siga kitu, kuring mah moal poho. Bisa 
tinekanan ngayakeun Pesta Sastra Sunda teh sasatna bantuan Kang Ading. Mun teu 
salah nepi ka dua kali ngayakeun pesta Sastra Sunda teh. Nu kadua kalina 
lungsur langsar, da sakali lol ge ka komisi E, Kang Ading kawas nu tos surti. 
Tuluy nampanan proposal. Teu loba carios, komo mapatahan kudu itu kudu ieu siga 
senior ka yunior nu dianggap atah.
   
  Nineungna deui, sanajan anjeunna kagungan jasa, sugan Kang Ading hoyong 
dilulungsur jadi penasehat, pembina, atawa jadi pembicara dina pesta sastra, da 
henteu atuh. Komo nyuhunkeun komisi mah, teu siga birokratna. Estuning ihlas. 
Dina prungna acara, anjeunna cekap ku janten ondangan bae.
   
  Estuning Kang Ading mah nyaan budayawanna teh. Sanajan jadi anggota DPRD 
Jabar, anjeunna mah teu katingal politisi, tapi tetep budayawan. Tug dugi ka 
ayeuna, asa can mendak deui anggota DPRD anu wandana siga Kang Ading, ageung 
katineungna kana budaya Sunda. 
   
  Kang Ading, pileuleuyan, dugi ka iraha ge kuring mah moal hilap. Mugi amal 
soleh Kang Ading nyaangan alam kubur. Amin.*
   
  Diserat Kemis, 7 Februari  wengi, tabuh 01.30

Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Innalilahi wa inna illaihi rojiun
Mugia Almarmum ditampi  amal solehna dihapunten sagala kalepatanana Amiin.

baktos
ern 

  On 2/6/08, ncep tribun <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            
  Innalilahi wa inna illaihi rojiun. Budayawan Sunda, sastrawan tur sepuh urang 
Sunda, Rahmatullah Ading Affandi, RAF parantos ngantunkeun di RS Advent, Rebo 
tabuh 18.40 WIB.
  Mugia amal soleh sareng amal ibadahna ditampi ku Allah SWT. Amin.
   
  cecep burdansyah
  
  
---------------------------------
  Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it 
now.  
  






  

                         

       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Kirim email ke