terimakasi atas kirimnyah
----- Pesan Asli ----
Dari: ncep tribun <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Kamis, 7 Febuari, 2008 1:26:35
Topik: Re: [Urang Sunda] RAF parantos ngantunkeun
Pileuleuyan, Kang Ading
-Panineungan Cecep Burdansyah
KURING mah ka Kang Ading teh moal nepi ka poho. Geus karuhan ari kana
karya-karyana anu luhur ajenna mah, samodel novel Pipisahan, Nu Kaul Lagu
Kaleon, atawa sinetronna anu fenomenal samodel Inohong di Bojongrangkong, apan
kritik sosial sakitu matak seukeutna, bari tetep teu matak beureum ceuli anu
dikritikna. Kitu deui katineungna ka Persib, apan basa dirawat di RSHS kamari
ge, sakumaha anu dimuat ku Tribun, anjeunna tetep ngemutan sangkan Persib bisa
maju.
Ari anu matak kuring teu bisa mopohokeun ka Kang Ading, nyaeta bantuanana
jaman sabalad-balad ngayakeun Pesta Sastra Sunda, awal taun 1990-an. Kang Ading
mah estu ihlas mantuan kuring minangka panitia nu baluweng neangan duit.
Kang Karno (Karno Kartadibrata, pamingpin redaksi Mangle) anu
ngajongklokeunana mah. Idena ti kang Karno sangkan aya Pesta Sastra Sunda.
Duka kumaha mimitina, Kang Karno ujug-ujug nunjuk kudu milu jadi panitia.
Harita teh jeung Hadi AKS, Darpan, ari ketua Kang Bachtiar.
Teu pupuguh deuih, kuring purah jadi bendahara, tukang neangan duit. Atuh
puguh ngahulengna meh-mehan nepi ka linglung. Mangkaning acara Pesta Sastra
Sunda teh rohaka, diayakeun tujuh poe di Rumentag Siang. Ari sumber duit can
kairong. Jeung deuih kuring teu boga pangalaman jeung teu boga anleh kana
neangan duit. Kawawuhan heureut, komo ka jalma jugala.
Ari soal materi acara mah, ide mani teu sirikna merul. Kudu kitu kudu kieu,
Itu salah ieu salah. Samodel Kang Wahyu (Wahyu Wibisana), apan katotol euyeub
idena jeung tukang nyalahkeun. Gede sumbangan idena Kang Wahyu teh, kaasup
nyarekanana, beak karep. Pokona matak pundung nu teu kaopan. Lebah dinya mah
sabelas dua belas jeung Kang Ajip.
Ngan palebah nepi kana soal dana, teu aya nu mere ide, kudu ti
mana atuh sumberna. Saha anu haat mantuan? Sarerea ngabigeu. Ngan sarerea
kawas anu saur manuk, nya keur naon atuh aya bendahara mun sarerea kudu mikiran
duit mah. Bagi-bagi tugas, nu mikiran acara, mikiran pameran, mikiran saha nu
bakal jadi pembicara tur sakalian ngontakna, nu mikiran pentas kesenian, pan
geus puguh. Tah nu neangan duit ge pan puguh, nya wayahna bendahara. Geura, rek
teu matak linglung kumaha.
Papada panitia nyarankeun, sangkan ngumaha ka Pemda Provinsi. Terus terang
wae, salian teu boga pangalaman urusan jeung birokrat teh, geus kapiheulaan
manten ku hoream kudu nyarayuda ka birokrat mah. Atuda awal 1990-an, orde baru
keur sakitu jumawana, birokrat the sasat raja, nu kudu dilayanan ku rayatna,
lain malah ngalayanan rayat. Komo deui ieu kasebutna rek menta duit. Geus
kabayang dikehed-kehed dikekesed.
Lantaran didongsok ku papada panitia, suka teu suka, nya nyusun proposal
tuluy digidig ka
Pemda. Sakumaha anu diwangwang, ana disusud eta proposal kumaha nasibna,
enyaan dipingpongna teh. Kalana kulunu di Gedong Sate jeung di DPRD, bari
suwung nu wawuh.
Keur baluweng kitu, ras ka RAF. Apan anjeunna anggota DPRD. Sarerea sapuk,
enya muntang tulung we ka Kang Ading. Encan wawuh saenyana sareng Kang Ading
teh. Tapi apal saha anjeunna. Lantaran kapeped ku pangabutuh, najan teu wawuh
ge, lahlahan ditepungan di Kantorna, di Komisi E DPRD Jabar. Ah rek kumaha
engke we. Paling ge disapirakeun, atawa apesna dipapatahan sina ulah baramaen,
malah boa nepi ka diseungseurikeunana .
Barang gok jeung Kang Ading, teu disangka, anjeunna ngahiap.. Komo sanggeus
kuring nikukur heula, ti dituna mah ngawanohkeun yen kuring jol ti dunya nu
sarua, sok tulas tulis, anjeunna mani giak ngabageakeun. Ti dinya kuring ujug
ujug boga kesan, geuning Kang Ading teh lain wae bageur, tapi siga nu ngajenan
ka budak ololeho pedah rek
ngayakeun acara pesta sastra Sunda.
Malah ka dituna kuring jadi asa boga bapa, bapa budaya. Atuda lain wae
bantuanana Kang Ading teh, sanajan anjeunna sepuh, tapi haat mantuan nepi ka
kudu cindek yen kuring kudu meunang bantuan. Proposal ge ku anjeunna
disuhunkeun, rek dibawa ka Komisi E, basana teh lain rek diusulkeun, tapi
Komisi E kudu nyaluyuan kana eta kagiatan, nu hartina kudu nedunan proposal
panitia. "Wajib pamarentah ngarojong pesta sastra," kitu saurna. Kuring
bungangang kacida. Tuluy meunang beja ti Kang Ading, Panitia anggaran
nyaluyuan. Duh bungangang deui wae.
Alhamdulillah, enya geuning proposal teh asup kana rengkolan APBD. Tah,
palebah nyairkeun, lain perkara enteng geuning. Loba saratna. Malum sareng
birokrat tea. Nya ahirna ka Kang Ading deui. Ku anjeunna ditadah-tuduh, meja
mana wae nu kudu ditepungan teh. "Bejakeun we, ti Akang kituh."
Tah ku jalan perhatian
Kang Ading siga kitu, kuring mah moal poho. Bisa tinekanan ngayakeun Pesta
Sastra Sunda teh sasatna bantuan Kang Ading. Mun teu salah nepi ka dua kali
ngayakeun pesta Sastra Sunda teh. Nu kadua kalina lungsur langsar, da sakali
lol ge ka komisi E, Kang Ading kawas nu tos surti. Tuluy nampanan proposal. Teu
loba carios, komo mapatahan kudu itu kudu ieu siga senior ka yunior nu dianggap
atah.
Nineungna deui, sanajan anjeunna kagungan jasa, sugan Kang Ading hoyong
dilulungsur jadi penasehat, pembina, atawa jadi pembicara dina pesta sastra, da
henteu atuh. Komo nyuhunkeun komisi mah, teu siga birokratna. Estuning ihlas.
Dina prungna acara, anjeunna cekap ku janten ondangan bae.
Estuning Kang Ading mah nyaan budayawanna teh. Sanajan jadi anggota DPRD
Jabar, anjeunna mah teu katingal politisi, tapi tetep budayawan. Tug dugi ka
ayeuna, asa can mendak deui anggota DPRD anu wandana siga Kang Ading, ageung
katineungna
kana budaya Sunda.
Kang Ading, pileuleuyan, dugi ka iraha ge kuring mah moal hilap. Mugi amal
soleh Kang Ading nyaangan alam kubur. Amin.*
Diserat Kemis, 7 Februari wengi, tabuh 01.30
Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED] or..id> wrote:
Innalilahi wa inna illaihi rojiun
Mugia Almarmum ditampi amal solehna dihapunten sagala kalepatanana Amiin.
baktos
ern
On 2/6/08, ncep tribun <ce2p_burdansyah@ yahoo.com> wrote:
Innalilahi wa inna illaihi rojiun. Budayawan Sunda, sastrawan tur sepuh urang
Sunda, Rahmatullah Ading Affandi, RAF parantos ngantunkeun di RS Advent, Rebo
tabuh 18.40 WIB.
Mugia amal soleh sareng amal ibadahna ditampi ku Allah SWT. Amin.
cecep burdansyah
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
now.
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
<!--
#ygrp-mkp{
border:1px solid #d8d8d8;font-family:Arial;margin:14px 0px;padding:0px 14px;}
#ygrp-mkp hr{
border:1px solid #d8d8d8;}
#ygrp-mkp #hd{
color:#628c2a;font-size:85%;font-weight:bold;line-height:122%;margin:10px 0px;}
#ygrp-mkp #ads{
margin-bottom:10px;}
#ygrp-mkp .ad{
padding:0 0;}
#ygrp-mkp .ad a{
color:#0000ff;text-decoration:none;}
-->
<!--
#ygrp-sponsor #ygrp-lc{
font-family:Arial;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc #hd{
margin:10px 0px;font-weight:bold;font-size:78%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc .ad{
margin-bottom:10px;padding:0 0;}
-->
<!--
#ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, sans-serif;}
#ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;}
#ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean,
sans-serif;}
#ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;}
#ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;}
#ygrp-text{
font-family:Georgia;
}
#ygrp-text p{
margin:0 0 1em 0;}
#ygrp-tpmsgs{
font-family:Arial;
clear:both;}
#ygrp-vitnav{
padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;}
#ygrp-vitnav a{
padding:0 1px;}
#ygrp-actbar{
clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;}
#ygrp-actbar .left{
float:left;white-space:nowrap;}
.bld{font-weight:bold;}
#ygrp-grft{
font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;}
#ygrp-ft{
font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666;
padding:5px 0;
}
#ygrp-mlmsg #logo{
padding-bottom:10px;}
#ygrp-vital{
background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;}
#ygrp-vital #vithd{
font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;}
#ygrp-vital ul{
padding:0;margin:2px 0;}
#ygrp-vital ul li{
list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee;
}
#ygrp-vital ul li .ct{
font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;}
#ygrp-vital ul li .cat{
font-weight:bold;}
#ygrp-vital a{
text-decoration:none;}
#ygrp-vital a:hover{
text-decoration:underline;}
#ygrp-sponsor #hd{
color:#999;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov{
padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;}
#ygrp-sponsor #ov ul{
padding:0 0 0 8px;margin:0;}
#ygrp-sponsor #ov li{
list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov li a{
text-decoration:none;font-size:130%;}
#ygrp-sponsor #nc{
background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;}
#ygrp-sponsor .ad{
padding:8px 0;}
#ygrp-sponsor .ad #hd1{
font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor .ad a{
text-decoration:none;}
#ygrp-sponsor .ad a:hover{
text-decoration:underline;}
#ygrp-sponsor .ad p{
margin:0;}
o{font-size:0;}
.MsoNormal{
margin:0 0 0 0;}
#ygrp-text tt{
font-size:120%;}
blockquote{margin:0 0 0 4px;}
.replbq{margin:4;}
-->
________________________________________________________
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/