Haturan ka baraya urang Sunda, 

Sateucana, nyuhungkeun hapunten yeuh, sim kuring bade nyuhungkeun
tulung inpormasi kanggo Badut Sulap nu aya di daerah Bandung, Sumedang
atanapi Garut. 

Upami aya nu kantos ngangge atanapi kaleresan terang, sim kuring
nyuhungkeun no telepon sareng biaya kanggo manggil Badut Sulap eta.
Cariosna mah pun anak teh bade Ulang Taun, Insya Allah kaping 1 Maret
2008, kahoyong mah bade ngarayakeunana di Panti Asuhan di Garut,
ngarah barudak nu di Panti Asuhan oge tiasa ngiring 'ngaramekeun'
sareng ari bahasa Indonesiana tea mah, ngarah tiasa berbagi oge. 

Sakali deui hatur nuhun sateucana, diantos pisan inpormasina. 

Uce



Kirim email ke