Sim kuring tos lami nguping hal ihwal perkawis Gedong Kasenian Miss Tjitjih di Jakarta. Ti kapungkur teh panasaran hoyong nganjang kadinya.
Ayeuna sim kuring tos ampir opat sasih dumuk di Jakarta. Janten emut deui kana kahoyong kapungkur, hoyong nganjang ka GK Miss Tjitjih. Manawi aya di antawis aranjeun anu uninga alamat, no tlp, jadwal, sareng info acara di Miss Tjitjih, mugia kersa ngawartosan ka simkuring. Malihan langkung sae upami aya nu kersa ngarencangan nganjang atanapi nongton acarana. komo dugi ka ntaktir tiket, katuangan, mondok di Ritz Carlton, sareng tiket pesawat mah, langkung sae pisan (nu ieu mah heurey ketang). Ke buruhna, bilih karaos cararangkeul, ku sim kuring seja dipeuseulan... Hatur Nuhun, Firman Juliansyah Jl. Kancra Dalam II No 7Ab, Bandung, Indonesia Phn: +62 22 5431324, Fax: +62 22 5431325 MP : +62 (0)81.320.656.905 YM & FS: [EMAIL PROTECTED] http://bozzetto.blogs.friendster.com/bozzetto ____________________________________________________________________________________ Never miss a thing. Make Yahoo your home page. http://www.yahoo.com/r/hs

