heuuh alus pisan tapi rada garing kang....
lamun aya deui geuwat di jieun caritana...
jang dede
semarang
2008/2/4, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>
>
>
>
> Hiji poe, Euis nyambut carogena nu mulih ti kantor bari semu sugema.
> Panganten anyar carita.
>
> "Kang… abdi telat sasasih. Urang baris gaduh orok." Ceuk Euis. "Tadi tes
> ka dotker. Tapi ulah waka ngawartosan sasaha, bilih teu janten."
>
>
>
> Isukna, aya tukang nagih listrik ngetok panto.
>
> Saparantos panto dibuka, tukang tagih listrik nyarios, "Ibu, punten,
> rupina ibu telat sasasih…"
>
> "Hah? Timana anjeun terang?"
>
> "Ieu aya dina catetan abdi."
>
> "Hah? Piraku nepi ka aya dicatetan anjeun?"
>
>
>
> Enjingna, si caroge ngambek ka kantor pembayaran listrik. Nepungan nu
> tukang nagih listrik kamari. "Kumaha ieu teh,
>
> Naha anjeun bisa nyaho, pamajikan kuring telat sabulan?"
>
> "Sabar, sabar, pa. Upami bapa hoyong catetan ieu dipupus, kantun bayar we
> ka abdi…."
>
> ("Wah…pemeresan yeuh…" ceuk si caroge tea. "Mun kuring nekat teu mayar?"
>
> "Nu bapa baris dicabut…"
>
> "Wah..mun nu kuring dicabut, ke pamajikan kuring make naon?"
>
> "Nya..tiasa nganggo lilin…."
>
>
>
> Garing! hehe
>
>
>