Hatur nuhun kang ingpona.

baktos
ern


On 2/9/08, urang_cupumanik <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) X, Taun 2008, aya 74 Patandang
> anu baris midang. Bubuka FDBS baris lumangsung poé Senén, 11 Pébruari
> 2008, jam 10.00 WIB, kalayan diteruskeun ku pintonan munggaran
> patandang FDBS. Béréndélan para patandang jeung jadwal midangna,
> sakumaha anu geus diruntuykeun ku Téater Sunda Kiwari salaku panata
> calagara, nyatana:
>
> 1. Téater Lisma Unpas Bandung, baris midangkeun drama BADOG karya
> Dhipa Galuh Purba, Senén, 11 Pébuari 2008, jam 10.50 nepi ka 12.20 WIB.
>
> 2. Téater Bohlam, baris midangkeun drama AKALNA SI APIN karya,
> saduran bébas Rosyid É. Abby tina naskah "Akal Bulus Scapin" karya
> Moliere, Senén, jam Senén, 11 Pébuari 2008, jam 13.30 nepi ka 15.00 WIB.
>
> 3. Téater Dwi Citra P.B. SMKN 2 Balééndah, baris midangkeun drama
> JEBLOG karya Nunu Nazarudin Azhar, Senén, 11 Pébuari 2008, jam 15.45
> nepi ka 17.15 WIB.
>
> 4. Komunitas Seni Téater STMIK-MI Bandung, baris midangkeun drama
> JEBLOG karya Nunu Nazarudin Azhar, Salasa, 12 Pébruari 2008, jam 10.35
> nepi ka 12.05 WIB.
>
> 5. Téater Knalpot Samar SMPN 1 Margahayu, baris midangkeun drama
> KARIKATUR NU GELO karya Arthur S. Nalan, Salasa, 12 Pébruari 2008, jam
> 15.45 nepi ka 17.15 WIB.
>
> 6. Theatre Rupa SMKN 14 Bandung, baris midangkeun drama RORONGO
> karya Arma Djunaédi, Rebo, 13 Pébruari jam 09.00 nepi ka 10.30 WIB.
>
> ...
>
> Peserta sareng Jadwal lengkepna, tiasa ditoong di:
> http://sunda.web.id
> http://galuh-purba.com
> http://ppss.or.id
>
>  
>

Kirim email ke