ngahaturkeun nuhun ka Kang Waluya kangge penjelasanana
nambihan elmu kangge simkuring, nu awam ngeunaan sajarah

-jaja

On Feb 8, 2008 1:19 PM, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   > From: Jajaka.Kahyangan -
> > bade sakantenan tumaros,
> > sok aya istilah runtuhna Aceh ku walanda teh gara-gara juragan Snouck,
> > leres kitu bagian anu eta?
>
> Kang, lamun teu salah, Kasultanan Aceh runtag diserebu tantara kolonial
> Walanda, samemeh Snouck pippilueun. Kutaraja (Banda Aceh ayeuna) geus
> dikawasa ku Walanda. Ngan urang Aceh tetep ngalawan gerilya, teu
> eureun-eureun. Keur ngeureunkeun ngalawanna Aceh, nya Pamarentah Hindia
> Walanda nugaskeun Snouck keur ngadeukeutan urang Aceh, supaya teu baruntak
>
> wae.
>
> Cara Snouck, beda jeung cara militer, manehna ngadeukeutan urang Aceh, ku
> adat istiadatna kaasup agamana. Salah sahijina Snouck ngarekomedasikeun
> Haji
> Hasan Mustapa, nu ngarti pisan kana Islam, sarua urang pribumi jadi
> Panghulu
> Kutaraja. Ku jalaran kitu, urang Aceh bisa dipeperkeun nafsu barontakna.
>
> Naha Snouck "ngaruntagkeun" Aceh? Sigana kumaha nempona. Tapi nu jelas ku
> make cara ngadeukeutan model Snouck, "banjir getih" di Aceh bisa
> dikurangan.
> Bayangkeun lamun teu nganggo cara pendekatan model Snouck, bakal beuki
> loba
> urang Aceh nu jadi korban akibat tindakan militer. Jaman harita, acan siga
>
> jaman ayeuna, teu aya HAM, teu aya konvensi kamanusaan, Dunya moal
> ngaributkeun, sanajan urang Aceh tepi ka tumpur oge ....
>
> Sigana "jasa" Snouck didieu, keur mareuman barontak atawa kateupuasan, teu
>
> bisa ukur make cara-cara militer, tapi oge kudu dideukeutan Sosial
> budayana.
> "Cara-cara Snouck" sabenerna sakapeung "ditiron" ku pamarentah Indonesia
> ayeuna (malah ku militerna) dina nyanghareupan daerah nu baruntak ......
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>  
>



-- 
Gandrung Gunung
http://www.roisz.wordpress.com

Kirim email ke