> "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten wae ah..ari soal Migas mah, ari anu nyarios BPPT mah abdi > mah kirang percanten...Sakuliah Indo teh teh parantos karancang ku > survey seismeic sareng Basin Study...tapi teu katingal ari > didaerah Simeuleue mah...Ari aya > henteuna mah Migas mah ...tiasa wae...ngan eta jumlah an anu > milyaran barrel..walakadalah.........Formasi naon nya ?
Enya Bah, satutung acan dibor jeung dibuktikeun ayana, ieu ukur sakadar "ramalan" atawa "ngararampa" (ngaduga), sabab studyna pan ngan ukur di beungeut laut. Survey seismik teu jadi jaminan 100% leres. Barangala di jero taneuh, sabenerna loba "gambling"na, komo lamun barangala dinu jero, sabab kasalahan "ngararampa" bisa gede pisan. Tapi teu nanaon Bah, BPPT "hayang ngahibur" meureun, mere harepan ...ngan ulah kaleuleuwihi we, bisi engke siga kasus BUSANG, marebutkeun pepesan kosong! Baktos, WALUYA [Tukang "ngararampa"]

