eling eling mangka eling rumingkang di bumi alam darma wawayangan bae mun kasasar nya lampah napsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan
mun ngingetan kajadian - kajadian nu tumiba ka bangsa urang ayeuna, musibah di mana - mana, ti mimiti tsunami, banjir, tanah longsor, gempa bumi, lumpur lapindo, panyakit flu burung jeung sajabana,sok matak karareueung. Ditambah deui angka kemiskinan nu teu turun - turun, penggusuran di mana - mana, hukum nu teu adil, jeung masalah - masalah kamanusaan liana. ana dipikir, malah matak jadi pusing, lamun diinget - inget malah matak baluweng, nya ti mana atuh sumberna ieu mamala teh, nya naon ubarna ieu panyakit bangsa teh. lain sing kuring agul ku bangsa deungeun, tapi tingali tuh Malaysia, Brunei, Singapura, posisina teh teu jauh ti indonesia, tapi naha asa adem ayem wae. Teu kaberitakeun aya banjir, longsor, kalaparan atawa gembel di jalan raya. Memang meureun can waktuna nagara2 eta teh meunang musibah kawas di urang (sanes maksad nyumpah). Indonesia teh negara nu gede, kudu na mah bisa leuwih maju ti Singapura, Malaysia, atawa brunei Darussalam. Tapi gedena teh meureunan gede jumlah pendudukna wungkul, kualitas SDM-na mah eleh ku nagara tatangga. Rek SDM-na teu goreng kumaha, biaya pendidikan sakitu mahalna. nu ahirna, nu bodo makin bodo, nu miskin makin miskin. lain ngagogoreng bangsa sorangan, da diri pribadi ge henteu alus. ieu mah ngingetan ka papada dulur salembur, baraya sabangsa. Indonesia ibaratna hiji wangunan. Memang di bagian luhur mah ieu wangunan teh alus, mewah, agreng, tapi dibagian dasarna, meni goreng atawa koropos. bagian luhur ibaratna para konglomerat atawa jalma beunghar di Indonesia, nu bagian handap ibaratna jalma biasa, jalma leutik atawa jalma miskin. Asa Payus mun ieu wangunan teh ti luhur tepi ka handap ge alus. tapi kanyataanana ayeuna nu di luhur malah ngaropea dirina sorangan, embung malire jalma nu aya dihandapeunana. Padahal mun bagian handap ambruk maka kabeh ge ambruk, jiga kajadian kerusuhan atawa penjarahan pas krisis ekonomi taun 1997 nu ngabalukarkeun ambrukna rezim Suharto jeung lobana toko - toko atawa supermarket nu dijarah. Mun rahayat leutik geus bersatu-sapamadegan, kudu hati - hati. Sesuatu nu dahsyat, brutal, jeung massive bisa terjadi (sanes maksad oge abdi pro sayap kiri, da barina oge raraosan mah di Indonesia teu aya sayap kiri he he he). Tapi kadang abdi sabenerna teu satuju ka sistem ekonomi indonesia nu saurna sistem ekonomi Pancasila nu padahal mah Sistem ekonomi liberal versi Indonesia. Sabab, Indonesia can sapinter Eropa barat jeung Amerika Utara dina ngolah ekonomi liberal. Tungtungna mah Indonesia jadi "mangsa" nagara Liberalis / kapitalis ti Eropa Barat, Amerika, bahkan Singapura. Faisal Akbar <[EMAIL PROTECTED]> wrote: AmanK, Upami teu ngartos mah. sok atuh di pilari deui, dibukaan deui sajarah sunda, oge dongeng2 nu aya di tatar sunda. Sadayana aya maksad. Ari dina davinci code mah KRIPTOGRAPHI. At 09:58 PM 11/29/2007, AmanK Maya Suara wrote: teu ngartoooosssss........ Niskala Senja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Pangeling-ngeling keur urang sunda,ulah saukur ngaku urang sunda,lamun can nepi kana rasana sunda. NEANG KAMELANG. jug,geura nyiar indung numantak moal kaduhung tutulis moal panggih jeung nu surti tatapak moal panggih jeung pangeran lamun teu muja ka indung jeung bapa. da,ngaing moal nyoraan komo jeung harewos boroning nyalukan. lain ngaing rek menta mulang tarima ka nyaah,ka deudeuh aniking. ngaing mah duaan ti ka anggangan numantak maraneh sing eling jeung waspada ngaing bakal ngadeheusan anaking,tapi kanu ceurik dina lisung,kanu macul bari menta. ngaraku mah anaking..kabeh ge, jol..datang dengeun di araku di mumule. nu lain di enya-enya, nu enya dilain-lain. nalungtak di jero imah,budak sing koceak dipepenta di gusti-gusti sangkan kapanggih jeung nu boga hirup lain deui lain deui,da bongan nu jadi lantaran batu hideung di pi gusti. *** Kalla S. TANGTUNG SUNDA BUANA ________________________________________________________ Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/ Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! Answers --------------------------------- Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. --------------------------------- Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.

