Oh kitu kutan teh. Punten kang, alamat web/blogna dimana? Hilap deui yeuh. Oge, mugia novel kang Hermawan Aksan enggal medal. Abdi bade meser.
----- Original Message ---- From: AmanK Maya Suara hehehe... kang asep mah tiasaan wae ngipasan teh yeuh abdi mah kamari sateuacana acara di kanu tipi keun teh.... cetting sareng anu gaduh lalakonna (kg. hermawan aksan).. nya digambarkeun sakedik kumaha proses pengambilan materi video kanggo tayangan eta teh..... mana teu aneh teuing ari hasilna kitu teh heheheh..... da kang hermawan na oge "teu husus" sasayogian kanggo mayunan eta acara.... antare.. sabab ti TV na teu masihan batesan anu jentre.... nya... kang hermawan oge mayunan na...."rada sahayuna" ... diwawancara na di saung angklung mang ujo..... ngan teu di "adu bagongkeun" mesek pamikirannana. ... jadi kamungkinan "masing-masing" tos katebak, hehehe... pek teh leres nya ...... abdi protes ngeunaan gajah mada anu diserat bagaikan seorang manusia tanpa cela ka langit kresna dina web sareng blog na teu ditanggapi.. ... kamari di dugikeun ka kang hermawan.... saurna tos disiapkeun dina novelna anu kadua ieu..... medal sasih april/mei... ... baris nembongkeun sisi anu "beda" ngeunaan gajah mada...... mangga diantos pedaranna kang hermawan.... . tong hilap meser bukuna...... ...

