Nu penting alatan milu milis ulah matak hese jadi urang sunda.

(kajuru deui we rek nagog nongton kumaha goongna, teuing aya kang Ndoel geus 
nagog bari ngorong atawa henteu  -:)))
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, February 13, 2008 9:36:48 PM
Subject: Re: Balasan: Re: Balasan: [Urang Sunda] kang Maya & Web KUsnet na

tah ngan masalah etika nya bah? haha... sababaraha waktu ka tukang, asana mah 
geus nahun ketang, mj pernah nyarita.. di cianjur (cmiiw) geus pernah aya nu 
ngaranna yayasan perceka... eh teu jengkol jeung jengkol nya? nu hiji mah hiji 
kecap nu meunang nyipta mj... hiji deui mah kecap nu geus jadi milik umum.

ngeunaan KUSnet deui... sikuring mah ti baheula pabaliut keneh wae. naha ngan 
ukur nujul ka urangsunda (teu make spasi), atawa oge ka komunitas-komunitas 
urang sunda (make spasi ieu mah) lainna di saluareun eta (diantarana: milis 
kisunda)? contona wae dina patemon antara urang goib jeung urang nyata di wisma 
unpat jl cimandiri tea, dina presentasina mang oman, cenah komunitas urang 
sunda di internet (kusnet) teh ngalingkup oge kisunda (cmiiw)... padahal eta 
milis teh lain bogana urangsunda.. .

d
ah lieur nya ari teu arapal mah euy. 


On Feb 14, 2008 12:21 PM, waluya56 <[EMAIL PROTECTED] net.id> wrote:

> "dudi herlianto" <dudi.herlianto@ ...> wrote:
> dijamin moal rame bah mun teu aya, euweuh, nu kateuingan mah.....
> balik deui ka masalah... web mang maya (kusnet.ning. com).. jeung 
> ulahna dipake kusnet ku yayasan perceka (?).
> KUSnet.... Komunitas Urang Sunda Di Internet... CEK KURING, lamun 
> ditingali tina ngaran mah sing saha wae meunang make. saratna, 
> meureun, ukur urang
> sunda nu hirup di dunya maya. kacuali lamun geus aya nu ngasupkeun 
> ngaran eta ka dinas hak paten, jeung geus kaluar piagam hak paten 
> jeung ngaran
> KUSNET.

Lamun teu salah, istilah/kecap KUSNET, mucunghul ti MJ, baheula, 
keur nyingket Komunitas Urang Sunda di Internet, Jadi kecap KUSNET 
teh tadina mah teu aya hartina!. Istilah ieu, jadi "baku" sanggeus 
kagiatan urang Kusnet sakapeung jadi warta dina koran. Ditambah 
deuih sababarha urang anggota millis nu sok jadi kolumnis dina koran 
(saperti MJ atawa Ua Sas) sok disebutkeun moderator (kuncen) Kusnet. 
Diawal Kusnet, moderatorna ngan aya tilu urang, Kang Ismail Rakhman 
(owner), Uas, jeung MJ. Kadieunakeun nembe moderatorna ditambahan.

KUSnet sanes aran paten, jadi teu "ngalanggar hukum" bade dianggo 
naon wae oge, ngan ari dina ETIKA mah aya hadena, ngobrol heula 
jeung moderator millis (kade kuring lain moderator, ngan pedah 
anggota heubeul), sabab KUSnet geus identik jeung millis urangsunda. 
Dina organisasi atawa dina naon wae, pan kudu aya nu ngatur sanes?

Beda jeung lamun "Komunitas Urang Sunda di Internet" disingket jadi 
KomUSnet. Tah ieu mah sigana teu masalah da jadi teu identik di 
jeung millis urangsunda.

Cag sakitu heula ti kuring, rek neangan heula korek kuping ieu teh, 
ceuli masih asa katorekan ....

Baktos,
WALUYA

_,___ 



-- 
d-:
~karék cénah~ 



      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke