hahaha... jadi inget basa keur zaman di-opspek baheula... babaturan gigireun ngaranna Acep Sastrawijaya, terus ngaku asal ti Banten, nya der we diajak ngomong Basa Sunda... mimitina mah rada kerung halis uing : uing loba di"sia-sia" ku maneh na, jeung loba kecap "dia"... ari geus rada lila mah, ngarti oge heuheuheu...
^_^ ----- Original Message ----- From: Agus cipto Subject: Re: Balasan: Re: Balasan: [Urang Sunda] kang Maya & Web KUsnet na. hahahaha... jadi resep geuning ngabandungan nana, tah matak kudu jentre jeung eces.. matak loba urang sunda nu make basa "indo" teh lain kahayangna sebener na mah.. ngan kusabab sok loba carek.. cenah mah kasar ari ngomong.. dari pada di cawad ku batur mening oge basa indo nu teu kudu panca kaki (ga ada aturan tatakramanya) jeung teu ngabedakeun urang datang ti mana.. panan sunda teh loba.. jeung basanage beda (lemes jeung kasa), sok coba dangukeun antara "banten jeng cianjur".. panan beda.. tah ayeuna sim kuring bade tumaros ka sadaya... sunda banten kasar teu???.. da ceuk urang banten mah teu kasar, da biasa... tah matak mana nu kasar jeung lemes teh kumaha urang na.. jiga na eta ge, da simkuring masi atah ari kana budaya nu saleres na.. *nyuhunkeun pituduh kanu tos legok tapak genteng kadek... deurrrrr ah* .

