Ieu mah rek ngobrolkeun kuring salaku Ketua RT di padumukan, kulantaran jadi 
Ketua RT tea, nya kuring meunang parentah ti Ketua RW, sangkan neangan warga 
anu daek jadi anggota Panita TPS, Kapaksa atuh pasosore nguruling diimpleng 
saha kira-kirana anu bakal daek jadi panitia, dina implengan teh rek neangan nu 
ngarora we ambih dina sagala rupa hal teh teu kudu nu kolot bae. Memeh prung 
tepung jeung nu diajam, patepung jeung ibu-ibu, biasa silih tanya samemeh 
nepikeun pamaksudan, ngobrol sabulang bentor, nya saterusna nyebutkeun 
pamaksudan, na celengkeung teh salah saurang ibu-ibu ngomong walah Pa na nu 
kitu bet diurus majarkeun nu rek jadi gubernur mah saha bae ge teu karasa 
bedana. Kuring sakedapan mah ngahuleng, aya benerna eta ucapan teh. Secara 
pribadi da heueuh horoream rek pipilueun dina pilkada teh, ngan ieu katulah 
pedah jadi Ketua RT, meureun kumaha kasebutna ongkoh jadi Ketua RT tapi teu 
nguruskeun. Tungtungna kuring ngajawab "Ibu ari milihna mah teu langkung ibu, 
bade milih KADAL nu mana teu langkung ibu, abdi mah milarian teh barudak nu 
daekeun jadi panitia..."
Si Ibu nanya deui naha disebut KADAL, ari jawaban kuring teh lantaran lain 
KADAA, KADAL teh Kepala Daerah Lalaki, lantaran calona euweuh ti awewe, mun aya 
mah awewe nya disebut KADAA, dikitukeun mah si ibu teh seuri.
Tah palebah neangan keur panitia tea, enya rada hese, biasa loba alesan tea, 
tapi meunang duaan nu daekeun barudak ngora keneh.
Dina rapat RW, RT kuring bareng jeung  hiji RT nu sejen, jadi hiji TPS, 
panitiana kudu aya tujuhan, atuh kapaksa kuring ge jadi salah saurang panitia. 
Ceuk kuring ka Ketua RT nu sa-TPS, mangga we limaanana kanggo RT didinya..., 
behna mah sarua geuning hese neangan keur panitia.
Dina rapat RW teh dibahas hal nyieun TPS, enya hayang alus hayang merenah jeung 
tumaninah utamana keur nu milih, boh diukna boh tempatna, sahenteuna kudu make 
tenda ambih teu panas atawa bisi hujan.
Tah palebah waragad, bet ngojot lantaran Ketua RW teh ngabejaan ceuk ti dituna 
ge can aya waragad, can kanyahoan bakal sabaraha keur nyieun TPS, duka teuing 
ketua RW teh meunang beja timana, teuing ti Lurah teuing ti Camat teuing ti 
KPU. Padahal geus diitung keur Satpam, keur sewa tenda, sewa korsi jste. Kuring 
embung ari kudu ngarorod kas RT mah, teu pantes, ngeunah ehe teu ngeunah eon. 
Sok sanajan kitu da meureun Pilkadal teh kudu jalan, nya kapaksa we rek neangan 
imah tatangga anu daekeun katempatan bari sakalian daekeun mere susuguh keur 
panitia, da meureun nginum bae mah kudu, panitia TPS juga manusia.
Ieu mah ngabanding-banding, pedah ngadenge beja ngung ngeng tiditu tidieu, 
cenah hayang jadi KADAL teh kudu ngaluarkeun duit saanu, tapi ari keur nu 
digawena mah geuning simanahoreng, enya beda sumber tea mah tapi pan lain kitu, 
ningali tidinya ge geus kagambar kumaha pasengsolna. Enya hak maranehna para 
calon KADAL ngaluarkeun duit mah masing rek satelebug oge atawa sakumaha ge, 
pek teh teuing, mana kitu ge meureun geus beunghar, geus loba duit teu 
kawadahan. Nu dipahing teh apan lamun ngancokeun kudu kagantian duit nu geus 
dikaluarkeun tina ladang boga jabatan. Tapi ketah da geus sabiwir hiji boga 
jabatan KADAL teh gegedena mah nyiar kipayah lain amanah. Nyiar kipayah tea 
atuh bari suku tetejeh. Ngan keur sakuringeun mah rek husnudzon we, sugan we 
aya berekahna, pan manusa mah kalan kalan keuna ku owah gingsir, kalan kalan 
jadi bener, tah benerna ieu nu dipiharep teh, nu owah gingsirna mah jauh kaditu 
ka sayang tetelo.
Nulis kieu teh sugan we di Kusnet aya nu jadi bobotoh salah sahiji calon KADAL, 
heug pangnepikeun gerentes hate ti Ketua RT nu kapapancenan ngurus panitia TPS, 
lamun tea mah jadi bobotoh tapi teu bisa nepikeun hiji sora siga kieu, meureun 
kasebutna bobotoh periferal, bobotoh kanan luar, atawa bobotoh kiri luar anu 
jauh kana gawang.
Aeh keur kang Agus Pakusarakan...kuring mah moal kaduga jadi kadal teu bisa 
tiwikramana. Aeh enya basa keur rapat di RW kuring nampa SMS ti hiji ibu-ibu, 
da palebah handap dina SMSna nyebutkeun ti ibu anu, nanyakeun buku Panggelar 
Budi, ku kuring teh dijawab aya mung punten abdi teh nuju rapat di RW perkawis 
ngadamel TPS kanggo Pilkada, na atuh jawabanana teh " Eta ku kersaan, abdi mah 
ngurus Pilkabe ge teu beres-beres..." ku kuring teh dijawab deui da ibu mah 
nuangna disamualkeun, jawabanana deui "hih puguh hiji, da dua sakaligus mah 
moal lebet bilih merepet siet..". Bedul teh.

MSasmita




Kirim email ke