geus tujuh taun leuwih kusnet ieu ngadeg, mun budakmah keur meumeujeuhna lucu, paripolahna kadang autis comrek tiiseun kawas dikuburan, kadang hiper-aktif,hog-hag silih pairan malahan nepika aya nu gogorowokan sagala.tah meureun ayeuna keur mangsana hiper-aktif tea. umur tujuh taun mun ngarumah tangga mah keur meumeujeuhna loba gogoda, paketrek saeutik, langsung getreng, tapi anut deui, malah tas pasea mah sonona teh sok kalahka leuwih rongkah. sugan we atuh di kusnet ge kawas kitu.
asup ka kusnet asana teu kudu surut sarat najan nu teu boga sirit ge hamo ditampa kalayan kabingahan, teu kudu kasep teu kudu geulis, kadang dina prakna loba nu geulis neangan nu kasep di kusnet. enya teu loba sarat da kusnet mah lain operator seluler, asup kadieu cukup niat nu hade nanjerkeun kasundaan, teu kudu make kartu-kartuan sagala, komo kudu make stempel dina tarang mah, teu kaci pisan. ti suklakna tisiklukna daratang kadieu, ngumpul ngariung, sarila meneko, aremok cabok, nu seurieus, nu heureuy pagiling gisik didieu. aya nu linglung dilembur batur (linglung lain dina harti eusleum atawa gelo, tapi dina harti nu jembar, kasasar,teu apal jalan pibalikeun) asup ka kusnet meureun asa manggih pituduh jeung nembrakeun yen urang sunda teh lain eta wae, utama dina hal basa. ceuk saha di kusnet teu meunang uang aing, kaci, malah kudu digegedekeun. kaci lamun uang aingna pikeun nyumbang yayasan perceka, da meureun lain uang aing mah, duit batur, hartina duit meunang minjem. geus ah...bisi aya nu ngagogogan! ***sr** nu teu aya dinu sanes aya didieu : www.keomsakedap.multiply.com

