Hiji perkara, anu sok sanajan teu dipisuka, tapi tetep
bakal dilaksanakeun. Jadi tibatan suudzon, kuring
leuwih milih mere asupan, tinimbang kukulutus. Perkara
rek ditarima atawa heunteu eta mah soal sejen. Tapi
asa leuwih kreatif upami urang mere asupan.

Pangalaman baheula waktu Kota Depok ngayakeun pilkada
(taun 2004 asa teh), Walikota incumbent, gembar-gembor
pilkada di Depok teh, hiji pilkada pangheulana di
tingkat kota kabupaten sa Indonesia.Kusabab kitu,
pilkada di Depok bakal jadi conto pikeun pilkada
tingkat dua sejennya. Geletuk teh kajadian, aya
kacurangan jeung golongan nu eleh teu narima. Antukna,
pelantikan walikota anyar jadi molor tina jadwal anu
geus ditangtukeun. Sakumaha gembar-gemborna walikoa
incumbent, enya bener, pilkada tingkat dua di
wewengkon sejenna "ricuh".

Tah, tina kasus eta, tantangan pikeun pilkada gupernur
Jawa Barat, naha bisa kalaksanakeun kalayan aman
tengtrem, teu aya pacogregan. Oge, sakuduna mah engke
teh gupernur anu kapilih sina nyieun program, kumaha
sangkan pilkada tingkat dua di Jawa Barat heunteu aya
pacogregan, pilkadana dijamin jujur, atuh calon anu
makalangan oge boga komitmen pikeun ngaronjatkeun
kasejahteraan  rahayat.

aya deui usulan, supaya calon Gupernur Jawa Barat,
wani diadu (debat) di hareupeun balarea. Naha di forum
media elektronik atawa media cetak, Atawa di
lingkungan terbatas di paguron luhur (Unpad atawa ITB
contona). Tapi ningali waktu dimana bulan april
rahayat geus kudu nyoblos, sigana tim sukses para
calon moal bisa nedunan kahayang ieu. Pangalaman di
UI, para calon gupernur DKI Jakarta, kungsi diondang
ngayakeun debat terbuka. Tapi anu nedunan undangan
ngan Adang Daradjatun wae, Fauzi Bowo teu datang.
Jigana tim sukses nganggap teu pati penting debat di
lingkungan akademis. Padahal harita teh Fauzi Bowo
jadi salah sahiji anggota Majelis Wali Amanat (MWA)
UI. Mani asa teu ngahargaan ondangan. Ma'lum wae, anu
ngondangna oge para mahasiswa (BEM UI). Jadi teu pati
dipalire.

Tapi jigana upama pupuhu Unpad ngondang khusus ka para
calon gupernur, asa pamohalan heunteu
ditedunan.Sakalian bekel pikeun "pembelajaran" para
akademisi jeung para mahasiswa anu bakal jadi
pamingpin bangsa kahareup.

baktos,

mrachmatrawyani uidipura
masih bingung nyoblos saha


--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Halow lagiihh, Alhamdulillah nuju sehat bin walagri.
> He he...numawi kakadaleun ieu teh.
> 
> MSas
> 
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: Asep Salmon 
>   To: [email protected] 
>   Sent: Friday, February 15, 2008 3:57 PM
>   Subject: Re: [Urang Sunda] Perkara Pilkada(L)
> 
> 
> 
>   Halooo Ua Sas.....damaang?
>   Tong kitu Ua...... pan sakitu taun kapengker mah
> Ua Sas oge kantos jadi kadal malah sanes sakadar
> kadal tapi KADALBANGSAT  alias kepala pengendalian
> dan pengembangan satelit... heha
> 
>   Baktos
>   AS
> 
>   . 
>    



      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke