hehehehe...
uing loba nu teu apal kana alat-alat nu disebutan ku Ua Sas euy...
ari se-eng aya keneh di-kieu-na kitu ?!
ari buyung teh nu kumana Ua ?!


^_^
telebug - dingkul - tolombong...

keur leutik sok ngawih kieu : 
tolombong kaleng, belut ditalian...
tong ngomong gandeng, ..... sakalian...
(asana mah ngadangu tina TVRI Bandung basa si Cepot jeung balad2na keur 
manggung...
heuheuheu teu nyambung, tina parabot dapur jadi kana "suasana" BAKUS...)



  ----- Original Message ----- 
  From: MSasmita 
  Subject: Re: [Urang Sunda] sampurasun....bade tumaros!



  Geura urang tataan :
  1. Tatapakan, (batu paranti neundeun tihang), 2.Gagalur, 3. Teer, 4.Cemped, 
5.Sarang, 6.Darurung, 7.Talupuh (palupuh),8.Tihang, 9.Palang Dada, 10.Sisiku, 
11. Ereng, 12. Pamikul, 13.Usuk, 14. Panggeret, 15.Jure. 16, Ampig, 
17.Balandar, 18. Bilik, 19.Hateup, 20.Kolong, 21.Jandela, 22.Lincar, 23. 
Kuda-kuda, 24.Suhunan, 25.Wuwung, 26.Amben, 27.Tepas, 28. Buruan, 29.Pipir, 
30.Dapur (pawon).

  Alat-alat Rumah Tangga.
  Hawu, siwur, langseng, seeng, hihid, songsong, aseupan, tetenong, boboko, 
ayakan, bakul, baskom, baki, cukil, cecempeh, nyiru, centing, centong, coet, 
mutu, dulang, jojodog, teko, emuk, cangkir, bekong, buyung, halu, lisung, 
jubleg, kalo, jodang, jubung, katel, kastrol, kele, kameuti (kaneron), kekeba 
(tingkem), kendi, kempis, kolanding, koja, korang, useup, sirib, lulumpang, 
pangarih, piring, sendok, poci, pipiti, besek, rantang, said, salang, rancatan 
jste.

  Supados langkung jelas mah saena ngaos buku Peperenian, kenging A.Hadi, 
pamedal Geger Sunten, tiasa pesen bukuna ka Kang Soni di bolotot.com 

  MSas


    ----- Original Message ----- 
    From: tenni supardi 
    To: [email protected] 
    Sent: Monday, February 18, 2008 9:06 AM
    Subject: [Urang Sunda] sampurasun....bade tumaros!


    Assalamualaikum.

    sampurasun baraya sunda...
    simkuring bade tumaros, manawi aya anu terang nami-nami Bagian Bumi Panggung
    Uranga Sunda? sakantenan sareng alat-alat ruamah tangga nu dianggona...
    haturnuhun sateuacana.

    Wassalamuaikum.

    Baktos
    tenizupardi


    -+zupardi+- 


    .
     . 
   

Kirim email ke