poe jumaah kamari, kungsi dipostingkeun acarana, ngan teu nepi, di pusat studi sunda aya acara diskusi perkara estetika sunda. nu janten narasumber nyaeta Abah Surya (Drs HR Hidayat Suryalaga) salah saratus budayawan Sunda, karya nu monumentalna, magnus opus, nur hidayahan, tarjamah qur'an ku cara sarupaning kawih, mun teu salah.
narasumber ka dua kang Roza R Mintaredja, arsitek lulusan unpar nu nalungtik arsitektur sunda, gaduh konsultan pt interobumi. makalahna ngeunaan arsitektur sunda kantos dipedar di KIBS (konferensi internasional budaya sunda). panumbu catur alias moderator, Ua Sasmita. Abah Surya netelakeun yen di budaya urang, estetika teh mangrupa bungkus pikeun hiji eusi, eusina teh Etika. ari etika teh perkara hade goreng, bener salah ceuk adat atawa moral. moral adat nu oge dasarna bisa di ti agama. abah surya masihan conto dina folklore lisan (folk= masyarakat/komunitas, lore=budaya nu dicipta jeung dipake masyarakat eta). aya folklore lisan, siga legenda, carita rakyat, jsb: sangkuriang, lutung kasarung, si kabayan, jst aya nu non lisan, mangrupa produk budaya, cara waditra/instrumen kasenian, arsitektur, parabot, jsb. aya nu sabagian lisan, siga upacara adat kacindekan, tiap hiji bukti atawa produk fisik, pasti boga unsur lain nu disebut idiil, konsep, motivasi, ground, jsb. nya nu babari mah, siga model papakean bin raksukan. nu katingal mah, modelna, potonganana, kelir jeung motifna, jsb, ari jero2na mah niley, nyaeta nutup awak, mun ti agama tea mah nutup orat. sabenerna lain ngan nutup wungkul, tapi ngaleungitkeun bentukna. jadi ari make baju nu heurin mah, malah awak teh jadi nyitak. kaciri demplon denokna. aya istilah busana muslim, nu nutup pisan awak (utamana istri), cara nu sarua aya di kabudayaan cina. sanajan di cina mah bari bisa keneh gelut make kung fu tea. heuheu seni sipatna aya nu individual aya nu komunal. hiji karya dibewarakeun ka balarea, ditarima ku balarea, jadi seni atawa estetika nu komunal. tapi nu kontekstual atawa meureun has, seni sipatna momentum, atawa kontekstual-patali jeung waktu oge kaayaan. nuju pareng, saur abah sura mah istilahna teh. sabab seni atawa kaendahan patali jeung rasa nu diindra manusa, ari rasa tea nya gumantung waktu ataw pareng teu parengna. siga kang Syam Ridwan ngadangu lagu siti nurhaliza atawa diva, ari keur nyeri waos mah pan kalah ka tambah lieur. heuheu. enya pisan. oge, dina tatakrama, nu kaciri sikep rengkuh hiji budak ka kolotna, eta endah katingalina, nileyna, ngahormat ka kolot. dina tari, tiap gerak ngandung harti, sanajan nu katingali ngan gerakan nu endah wungkul. raksukan lalaki sunda, kudu maskulin, dina tari abah surya kungsi ngiritik nu ngadangdanan nu nari. cenah lalaki mah ulah make baju nu kelirna feminin, jst. kang Roza: anjeuna nyaritakeun heula latar neuleuman arsitektur sunda. kungsi cenah pundung teu kuliah da panasaran naha enya arsitektur sunda teu aya? aya, cenah sanggeus asruk2an, manggih leuit (ditayangkeun make infokus). naha nu kieu? kumuh, jsb? si horeng cenah, eta mah ngan wadah wungkul. da nu penting atawa nu jadi bagian utamana dina imah sunda mah, jerona, niley2na. (ieu tambahan si kuring) nya siga naha imah di cina jepang, loba nu tina awi, kai, malah dinding ku kertas. beda jeung di eropa nu ku batu kandel pisan. budaya atawa niley2na beda. matak kampung naga kungsi beak diduruk ku gorombolan basa jaman paciweuh. sabab niley2 nu dianut karuhun atawa urang dinya teu nepi ka atawa teu boga preseden kitu: boga musuh nu nepi ka ngaduruk imah. leuit eta, ditoong di jihad teknik atawa teknologi estuning geus maju pisan. sabab cenah unggal bagean teh siga pre-fab, istilah dina teknik modern ayeuna. bagian2 dijieun mangrupa model jeung knockdown, make paseuk tea. ku cara atawa teknik kitu, leuit teh dijieun teu sapoe-poe acan. umur leuit nu ditayangkeun-sigana di kanekes baduy- umurna 30taun, unggal 30 taun diganti matrialna. tadi isuk2 presentasi ti bahan eta, bari ditambahan ku bahan sejen. aya nu make teori foucault, teuing saha eta jelema teh. ngan cenah manehna nyarankeun, nalungtik teh lain nu kontinuitas, tapi diskontinuitas. bisa oge dilarapkeun ka seni imah di urang. sabab sajarah (kaasup budayana) kungsi kapotong ku jaman kolonialisasi, nu ampir ngeureunkeun atawa ampir maehan mangrupa budaya karuhun. komo terus geus merdeka, make desain modern tea, wangunan marake tembok beton jeung sajabana. aya nu nyoba nyambungkeun kontinuitas eta tapi mangrupa campuran, hibriditas tea, siga hotel Sumber Alam di garut. make conto kampung Naga di Salawu Tasik. urang dinya teu nyebut yen suhunan julang ngapak atawa matrial awi, kai, tatapakan injuk teh ciri sunda, tapi eta kitu teh da geus mangrupa kabiasaan atawa vernakular tea. beh dieu, siga model hotel Sumber Alam, matrial sarupaning awi jeung suhunan injuk dihaja dipake pikeun tanda sunda. oge aya tambahan nu sipatna diwawaas, aya imah/cottage di luhureun balong. padahal di kampung adat mah teu aya imah luhureun balong. simulacrum tea meureun. insya Alloh kapayun aya deui diskusi ngeunaan kujang ku kang Teddy Permadi oge perkawis kahirupan kasenian di kampung adat ku kersana Prof. Kusnaka Adimihardja

