> From: "agus hermawan" <[EMAIL PROTECTED]>
> tah, jentre atuh mun kitu mah..
> anggota Kusnet kedah ngiringan kana aturan ieu...
> jeung deui apan, kecap-kecap kalimat hiji jalmi teh ngeunteungkeun
> saha anjeuna.. kitu nya wa?

Waktu kuring mimiti asup ka Kusnet, kuncenna teh ngan Kang Ismail Rakhman 
nyalira, kitu oge sigana teu aktif, da tara aya postinganana. Obrolan di 
Kusnet ah biasa we make basa nu ilahar, tepi ka hiji waktu asup barudak ti 
SMKN Ciamis. Walah basana teh mani garihal jeung aran alamat emailna 
marinculak. Nu mimiti teu satuju alamat email make aran nu "aneh-aneh", 
lamun teu salah, Kang Agus Her nyalira, cik cenah alamat email teh ulah ku 
aran "aneh-aneh". Sarerea satuju, nu ngarasa aran alamat emailna "aneh-aneh" 
ngararobah nyalira, kaasup Kang Syam Ridwan nu tadina mah make aran KARUHUN 
BETAWI, Oge nu nganggo aran PRABU_SILIWANGI, langsung ngarobah aran ku aran 
aslina. Teu aya nu protes, teu aya debat nu kapapanjangan. Padahal harita, 
Kusnet teh ampir teu aya moderatoran.

Tujuh taun geus kaliwat, Kusnet ngagedean, jaman geus robah meureun, 
kapangaruhan ku jaman "democrazy" .......

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke