tah... geuningan aya langkungna. hatur nuhun pisan janten nambihan yeuh pangaweruh kuring.
tararengkiyu sonirosa www.bolotot.com ----- Original Message ----- From: Jalak Pakuan To: [email protected] Sent: Tuesday, February 19, 2008 12:17 AM Subject: Imago Animi Sermo Est Re: [Urang Sunda] aing jeung sia Langkung ti keur alat komunikasi kang. Imago animi sermo est. Basa teh eunteungna hate. Urang batak, komo nu sarakola di Yogya ayeuna marake basa Indonesia na beuuuu siga ningrat jawa. Duka tah calon Gupernur BI teh kaala ku Raden na atawa ku lemes make basana atawa duanana da ari kamampuan mah asana kang Faisal Basri ge can tangtu eleh nya (tulisan jeung basana seukeut). JP sonirosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: nya muhun atuh kang, umat-imut heula, teras tual-toel, teras runyah-renyoh he..he.. ari sapamendak kuring mah basa teh salah sawios alat pikeun "komunikasi" . komunikasi nyaeta.... janten ngangge basa naon wae (basa sireum oge tiasa geuning nabi harun mah he..he..) mangga, asal "nyambung", pamaksadan tinekanan. perkawis "pamaksadan" rupi2: ngatik, ngajak, ngarayu, nyarekan, nyingsieunan, ngahibur, balantik, jeung rea-rea-rea-rea deui pisan. kitu tah aki jalak (kuring uyut na :-) baktos sonirosa www.bolotot.com (tah nu ieu maksadna promosi) ----- Original Message ----- From: Jalak Pakuan To: [email protected] Sent: Monday, February 18, 2008 2:25 PM Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia Ua Haji ulah gura giru lumpat meus-meus Kusnet, eta surelek tumanya ngeunaan Kusnet ge can dijawab. Aya oge kang Soni noel hungkul, pamendakna. Urang antosan statment ti officerna, aya kitu? Makarya Mawa Raharja ----- Original Message ---- From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Sunday, February 17, 2008 7:08:51 PM Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia Jelas atuh aya dua kutub kulantaran anu dibaledogkeun teh....kata koncina eta demokratis.. .nyaeta nuansa pulitis anu parantos diklaim "teu kedah" undak unduk basa. Fakta dina domain pulitis henteu kajadian..conto Amrik sareng Inggris tea..dina budaya oge teu kajadian oge..komo didunya business mah. Teu acan oge ngadangu di Indo anu ngadep Presiden ngomong make basa anu teu make undak unduk (sebut wae domain pulits atawa domain budaya).. Moal aya komentar lamun teu nyebat kecap demokratis. UUBS anu dipadungdengkeun teh sigana mah parantos nyampurkeun domain pulitik (nyebat2 demokrasi) sareng domain budaya. lamun ditarik ka KUSNET..aya patarosan ari KUSNET teh domain pulitik atanapi domain budaya. Tina sababaraha komentar parantos tetela yen urang teh parantos nyampurkeeun dua domain anu benten...jadi MEMANG teu nyambung ! On 2/18/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Samemeh mere komentar, cing jelaskeun naon anu dimaksud undak-usuk basa ku aki Surtiwa teh? Naha sarua jeung anu dimaksud ku kuring? Ulah asal ngong. Samakan persepsi dulu ceuk basa Indonesia mah. Lamun persepsina teu sarua moal nyambung-nyambung gunem caturna. ----- Original Message ---- From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Monday, February 18, 2008 9:17:47 AM Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia Amrik oge gegedug demokratis.. kitu deui Inggris..tapi ar palebah undak unduk basa mah.nyaeta tetep wae diengineering kumaha kapentingan gaul...Mr. President, Her Majesty..... .... On 2/14/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Potongan tina naskah Bujangg Manik: Anaking, haja lancanan, karunya ku na tohaan. Sugan sia hamo nyaho, tohaan geulis warangan, Bihari, lamun nempo tulisan Bujangga Manik, basa nu digunakeunana téh démokratis, euwueh undak-usuk basa. Kiwari kecap "aing" jeung "sia", anu asli Sunda digolongkeun panghandapna dina undak-usuk basa. Sedengkeun kecap "kaula" jeung "sampéan", kecap injeuman ti basa bangsa séjén digolongkeun kana tingkatan leuwih luhur dina undak usuk basa Sunda, henteu démokratis. Urang Sunda kiwari kabagi dua; aya anu hayang mupusti mulasara undak-usuk basa Sunda (UUBS), aya ogé nu kontra kana UUBS. Ngeunaan nu kontra kana UUBS, aya dua golongan anu anti / kontra (henteu suka) kana UUBS: anu terus-terusan maké basa lemes ka saha waé jeung anu terus-terusan maké basa kasar ka saha waé. Dua pihak ieu démokratis, henteu ngabéda-bédakeun saha anu disanghareupan. Pikeun nu hayang mulasara UUBS atawa anu geus biasa jeung UUBS sarta nu kontra UUBS tapi maké basa lemes terus-terusan, pamakéan kecap "aing" jeung "sia" karasana kasar pisan. Tapi pikeun nu kontra UUBS tapi ngarojong pamakéan basa kasar, kecap aing jeung sia dina sagala kondisi karasana biasa-biasa waé. Kumaha pamakéan kecap aing jeung sia kahareupna, naha bakal balik deui jiga mangsa Bujangga Manik masih hirup? Waktu nu bakal ngajawab. Aschev ---------------------------------------------------------------------- Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. ------------------------------------------------------------------------ Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. -------------------------------------------------------------------------- Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. Makarya Mawa Raharja ------------------------------------------------------------------------------ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.

