kuring mah teu lieur rek milih saha, jeung pendapat kuring teu ngarahkeun ka
salah sahiji calon kang.
kuring ngan ngabuka kemungkinan- kemungkinan nu bakal terjadi, dina hal ieu
kasus nu diangkat ku kuring nyaeta perkawis calon independent, jadi pendapat
kuring mah, rek independent oge angger, moal bebas korupsi.
ari masalah korupsi mah lain ditinggali tina asal usul pencalonanna, lain
ditinggali tina partey atawa lainna, nu penting mah niatna, jeung hatena.
perkawis HADE, kuring mah jujur masih cangcaya euy, soalna duanana lain
jelema anu ulubiung di Jawa Barat, salila ieu Akhmad Heryawan loba ulubiung
jeung ngawakilan rahayat DKI Jakarta (lain Jawa Barat!!!). jeung oge
kontribusina di DPRD DKI Jakarta can aya anu signifikan. kabuktosan, PKS teh
partey anu meunang di DKI Jakarta (CMIIW) tapina geuningan kebijakan2 Pemda
na mah angger weh...
Kumaha ari Dede Yusuf??? ah, geuning katinggalina di DPR teh anjeunna lain
inohong atawa nu boga prestasi hade. manehna loba cicing weh, euweuh
prestasi anu significant. komo meureun mun digawe di Jawa Barat, manehna
cicing di JABAR oge tara, ngan saukur rek pemilu, Pilkada jeung masa reses
weh meureunan cicing di Jabar teh.
tah, ku dua fakta ieu, kuring msh cangcaya ku calon ieu. perkawis partey
mah, emang kuring satuju lah mun PKS disebut anu pangleuheungna.
cag ah...

-Bohay-
pengamatpulitikcapbeurit

2008/2/19, Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>   He he kang Bohay mah naha bet lieur pan ceuk sayah mah nya kacida alusna
> lamun urang milih  HADE sugan jeung sugan bae lamun geus dibarere BODREX
> mah eta sirah anu rarieut/lalieur pikiranna hayang ceceremed kanu lain hakna
> teh atuh saeutik-eutikna bisa dikurangan syukur-syukur lamun bisa
> dieuewuhkeuh pisan.
>
> Baktos ah.
>
> *"Reka \"Bohay\"" <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Independen... naha aya jaminan bakal teu korupsi?
> enya bener meureunan amun independent mah euweuh kawajiban jang setor
> biaya ka partai, tapina apanan meureunan jang kampanye teh butuh biaya, jang
> alat peraga kampanye, oge jang nyieun mesin politik non partai jang
> nyukseskeun anjeunna. biayana bisa milyaran... timana? pasti sakumaha
> independenna pasti aya sponsorna, tah mun geus kapilih, si calon teh angger
> weh ngabogaan hutang ka sponsorna, jadi weh si sponsor teh di gampangkeun
> sagala itu ieuna.
> terus oge, si independent teh resikona teu didukung ku parlemen, jadi
> unggal minggu, unggal bulan bisa di guang gieung ku DPRD, ngarah jempling si
> anggota dewan teh partaina di bekelan duit ku kepala daerah. duitna timana?
> nya kapaksa kudu nyoceng ti APBD. hehehe...
> lieur geuningan nya Pilkada teh...
>
> nya meningan ayeuna mah urang ngadu'a, mudah2an saha wae anu kapilih,
> nyaeta anu panghadena tinu harade jeung bisa mawa perobahan wewengkon urang
> kana kahadean.
>
> cag ah
>
> -Bohay-
> pengamatpulitikcapbeurit
>
>
> 2008/2/15, Agus K PAKUSARAKAN <[EMAIL PROTECTED]>:
> >
> >   satuju kang tina 3 calon pasangan gubernur jeung wakilna
> > goreng kabeh..
> > dai geus puguh karasa ayeuna kumaha
> > hade iyeu basa sunda oge teu bisaeun paling jadi provinsi bodrek
> > aman komo iyeu kalah lieur
> > colok pamajikan masing-masing lah
> >
> > hidup independen
> >
> >
>
> Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
>
> 
>

Kirim email ke