Hiji Panganteur keur Consumer Goods [Bagian ka-2] – Planogram -

[EMAIL PROTECTED]
081310915712

Mun jalan-jalan ka toko gede kawas Ramayana, Hero, Giant, Hypermarket, 
Foodmart, Carefour, Macro, Alfamart jrrd. Urang sok manggihan aya rak nu 
ngadisplay rupa-rupa item keur jualeun sapopoe boh kuer kaperluan rumaja, 
dewasa, atawa orok jeung barudak leutik. Tah ieu kabutuhan teh sok aya sign na 
dinu took eta dumasar kabutuhan urang teh.

Sok komo mun urang ningali teh sok aya nu ngajaga eta produk teh, nya mun ceuk 
basa ritel na mah nu ngajaga teh sok aya wae nu disebut MD atawa SPG. Nang aya 
nu ngabedakeun MD jeung SPG teh, ari ilaharna mah MD mah salian keur ngajualan 
produk keur pausahaan manehna ge kudu ngontrol stock barang nu dijualna jeung 
ulah kayaan out of stock sok komo deui stock off name.

Tah aya oge saluhurun MD ieu aya nu disebut TL, kawajiban TL kawas MD oge nang 
manehna nu ngatur pagawean MD jeung SPG kudu di toko mana wae. Ilaharna si TL 
ieu sok kukurilingan toko ngecek jeung ngabsen si MD jeung SPG nu aya di 
toko-toko nu ditempatkeunna.

Tah kumaha cenah display produk eta di toko teh naha di ukur ku si MD atawa TL 
na. Didieu aya nu ngaranna divisi merchandising atawa planogram tea. Nu mana 
divisi planogram teh ilaharna nu ngatur display item eta, samodel display OTC, 
Baby Product, Pantiliner jrrd.

Ieu display teh teu sagawayah  nyimpeun barang-barang di rak kitu, sabab 
samemeh di display teh kudu diukur heula sabaraha gondola/ rak kudu asup ka 
hiji produk kawas OTC atawa produk nu disebutkeun di luhur. Laju di ukur 
jangkung jeung panjangna jeung aya sabaraha rakna.

Laju sanggeus di ukur hanteu langsung di display kitu wae, sabab kudu aya hiji 
software bantuna nu ngaranna planogram tea. Tah macem-macem plangram nu geus 
aya di jual teh rupa-rupa kawas Apollo,prospace interspace jeung spaceman. Nang 
nu ilaharna sok dipake ku divisi merchandising di Indonesia mah make Spaceman. 
Nu mana ieu software teh kaluaran ti AC Nielsen.

Kaleuwihan na Spaceman ieu teh data produk teh bias di asupkeun na lengkep 
pisan ti image, dimensi, share, movement jrrd. Salian ti eta oge spaceman ieu 
geus aya data analisa na sok komo geus user friendly mah. Jeung deui mun make 
spaceman mah geus aya reportna nu gampang pisan oge. Jeung na deui pangaos 
spaceman na rada awis pisan sabab ieu software teh investasina keur jangka 
panjang.

Tah sanggeus data-data diasupkeun laju weh didisplay si item-item eta ka si 
spaceman laju di jajarkeun kumaha-kumaha na, samodel naha urang deuk ngurutkeun 
dumasar kanu variant, manufacture atawa fungsi produk urang eta. Laju mun geus 
jadi urang tinggal klik on image na jadi versi leutik si toko tinu gondola 
husus samodel baby teh bias katingali.

Sanggeus kitu laju weh si divisi merchandising eta  nyieun blue print na supaya 
di bikeun ka toko-toko nu deuk di pajang produk-produk dumasara kanu fungsina, 
tapi mun implementasi planogram ieu anyaran biasana kudu isuk-isuk samemeh si 
toko teh buka atawa peuting sabab da mun kuer jam-jam na rame mah piraku kudu 
ngabukbak rak jadi weh si consumer teh tambah riweuh.

Cag Ach
Yayan Mulyana



      __________________________________________________________
Sent from Yahoo! Mail - a smarter inbox http://uk.mail.yahoo.com

Kirim email ke