Assalaamu'alaikum... Bagea, Baraya!! Cikeneh pisan kuring nampa beja tina sms, cenah Kang Rudi Juragan Onta anu kapungkur ngajajah Abu Dhabi tea geus boga budak deui. Eta budak lalaki teh borojolna kamari rebo subuh di Bandung, dibere ngaran Pakwan Al-Hafidz Raksaning Gusti (ni aheng nya ngaranna?!!). Indung-budak sigana mah salamet, da teu aya beja sejen.
Wilujeng, Kang Rud! Ngilu bungah, euy. Mudah2an tuang putra jadi budak anu soleh babakti ka masarakat tur teuneung nanjeurkeun Islam. Aamiin. Kang Rudi oge ngahaturkeun salam ka barudak, duka barudak saha nu dimaksud, tapi sigana mah kum ka sakur baraya mimilisan. -- sikandar kumincir.blogspot.com

