Punten Ki rada sesah milarianana da ayeuna mah seueur pisan alumni LN, 
pabalatak. Pami bade lebet siga menteri mah kedah KKN (?). 

Nu tos sukses KKN teh ti UI (neruskeun Mafia Berkeley - UI minded), nu kadua ti 
UGM (nu nyekel birokrasi di Indonesia - urang wetan minded he...he..., basa aya 
keneh Prof. Mubyarto mah panyaimbang UI nu cenah kapitalis), nu katilu ti ITB 
(biasana lewat jalur Deptamben/ESDM). Nu anyar jebul mah ti IPB, apal meureun 
nya kunaon IPB bisa "nembus". Aki Tam ti Unsri? waaah telat atuh ki, kedahna 
kamari basa TK keur jaya, jayalah nu ti Palembang. 

Ceuk sim kuring ge dosen2 teh ngaruksak struktur karir birokrat. Asalna mah 
jojodogna Staf Ahli atawa Tim Pengkaji tapi tuluyna milu ngatur mutasi, 
promosi. Nu "geuleuh" mah mun nu dina eta jojodog urang sunda iiih da sok 
nasionalis pisan nepi ka poho manehna urang sunda, beda jeung urang batak, 
minang, atawa jawa. Eh inget ka mantan menkeu nu US lulusan Unpad poho jigana 
mah da nu munjul urang madura. Beuuuuuuu.....
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, February 20, 2008 5:35:44 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Naon sih hartina ...... wartosan iyeu teh

Tah geuning aya anu mang lereskeun, nuhun yi, leres etah, aki hilap. Ngomong2 
Yi kumahanya, aki aya minat ngalih ka Jkt di Depkeu yeuh wios lah janten naon 
oge asal sasuai sareng kapiunan aki we lah. Kumaha aya kamungkinan teu 
ngarangkep sigah mentrina dosen UI sanes, he he he he. Raraosan ti payun aya 
urang unsri oge, lulusan ANU negeri kangguru. Masih keneh aya kitu? Aki teu 
kenal, margi waktos aki lebet ka unsri anjeuna tos angkat ka Ustrali, waktos 
anjeuna mulih, teras wae ka Depkeu. Nuhun yi. 

Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com> wrote: 
Pasna mah sudah banyak makan asam garam
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: Tatang Sariman <tams_sariman@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Wednesday, February 20, 2008 2:09:57 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Naon sih hartina ...... wartosan iyeu teh


Eeh tibalik ketang, kedahna Legok tapak genteng kadek, maksadna pangaweruhna 
leubeut, atanapi dina bahas Indonesia mah "sudah banyak makan garam". bilih 
lepat deui mah wios ahlina bae sing mairan sok atuh kadinyah.

Tatang Sariman <tams_sariman@ yahoo.com> wrote: 
Genteng kadek legok tapak panginten?

Waluya <[EMAIL PROTECTED] net.id> wrote: 
> From: "agus hermawan" 
> reseplah ari aya anggota milis pangalaman mah... :)

Hehehehe ...matakna disarebutna oge "ABAH", da geus genteng tapak dikadek 
.... (ah poho deui naon terusna)

Baktos,
WALUYA 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang- Sunda.or. id

Yahoo! Groups Links








Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. 




Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. 





Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. 




Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.



      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke