Punten ieu aki tams nyobian nginten2 nya, sigahna sae ayi atanapi neng 
ditepangkeun sareng patilasan teh ngangge perantawisan pihak ka tilu, biasana 
sesepuh atanapi ustadz, nya langkung sae deui upami sepuh neng sareng mertua. 
Alesan aki, ... pangalam ieu mah, pami pirak teh saleresna hanjelu pisan. 
Impenan teh lelembutan urang anu aya dina otak sadar. Mung kadang2 kumargi aya 
oge anu langkung kiat ngadorong kana kaputusan urang, janten lelembutan waktos 
harita eleh, nya kajantenan pipirakan. Cobi wae emutan, patilasan teh sumping 
nyuhunkeun deui raksukanana. Angot alesanana aya anu ngarampog? Janten anu 
saleresna ajeunna ngaraos dirampog kukajantena pipirakan teh. Dina agami Islam 
suami istri teh diibaratkeun "raksukan" kangge masing2. Hartosna sanaos 
nyariosna teu kersa rujuk, padahal lelembutanana mah palay ngahiji deui 
sakumaha bihara bihari. Atuh salira oge dina impenan eta, masihkeun raksukan 
caroge anu aya keneh, Hartosna lelmbutan salira saleresna kersa ngahiji
 deui, sanaos nyuhunkeun dipirak oge. Janten sigahna duriat aranjeun masih aya 
keneh etah. Numawi sae ngahiji deui wae atuh? Kitu tah kinten2 aki tams teh. 
sakitu pihatur aki, mugi2 aya manfaatna. Braal ah.

"yuvie.bjb" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:       sampurasun
  baraya sadayan,a punten abdi bade tumaros
  dua wengi kapengker abdi ngimpen mantan suami ngadatangan abdi ka rorompok di 
bandung teras nyarios acukna dirampok batur teras kuabdi teh dipasihan da 
seueur keneh acuk anjeuna nu aya di abdi.
  bilih aya nu tiasa maca impenan abdi punten pang macakeun da padhal mah 
ayeuna teh anjeuna keur ngewa pisan sareng cua pisan ka abdi ku sabab abdi 
nyungkeun cerai.....sababna mah teu kedah dicarioskeun didieu keun weh, jeung 
deuih anjeuna alim rujuk deui jeung abdi naha bet lebet kana impenan nya?
  pertanda naon eta teh....sok ah nyungkeun dibaca ku nutiasa
  diatos......
   
  Regards
   
  Arkhi Roslia Yuvie

       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Kirim email ke