Ari kahoyong mah, ngayakeun seminar, namung kapahung
institusi mana anu tiasa janten panicia. SIMPAY sacara
organisasi teh sanes lembaga resmi di FIB, mung
sakadar "sempalan" ti Jurusan Sastra Daerah/Sastra
Jawa. Hal ieu peryogi pisan, margi upami bade ngulem
narasumber kedah instansi anu tos dikenal reputasina.
Duka tah, Unpad kinten-kintenna berminat heunteu, jadi
penyelenggara seminar. aleresna mah aya alternatif
sanes, nyaeta ditawiskeun ka pamarentah Provinsi
Banten. Namung si kuring teu gaduh "jalur" ka pemda
Banten. atanapi ditawiskeun ka Universitas
Tarumanagara. Pan kapungkur tahun 1980 an kantos
ngayakeun seminar perkwis karajaan Tarumanagara.
Atanapi tiasa oge ditawiskeun ka Kementrian KLH
(kaleresan kang Oman kantos ngantor di instansi eta).
Kunaon KLH? Margi di Kabudayaan Baduy gaduh "kearifan
lokal" dina ngokolakeun leuweung sareng mulasara
sumber daya alam. Tah, ngangge "jalan" ieu, panginten
tiasa nggempelkeun narasumber ahli di widang
Kabaduyan.

Anu tos jelas narasumberna diantawisna Prof. Kusnaka
Adimihardja (Unpad), Ambu Diana (Arkeologi Nasional),
Cecep Eka Permana (Dosen FIB, anu ngadamel tesis
perkaw is Baduy),sareng Don Hasman (fotografer,
pemerhati kabudayaan).

Upami tos "kapepet" pisan, asana teh KUSnet Jakarta,
tiasa janten sohibul baet seminar.Kumaha tah Kang
Jalak  Pakuan? 

baktos,

mrachmat Uidipura

--- richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Tah Kang Yani, ngalungkeun SEMINAR..naha bade
> dipaju..atanapi mung usul
> AMBU
> 



      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke