Walah...
loba amat pakarangna, matak resep euy.

tapi kumaha lamun aya jurigan kabeh, ngararapung meureun, atawa
eundeuk-eundeukan.
teu kitu ngadon maen smack down. he..he..he..

Ari Pa Gun-gun na gawena naon, sigana jelema beunghar nya.
beungharna lantaran 'dibaturan' ku kujang kitu, atawa kumaha?

sok lah kuring ngadukung acara pameran kujang na.
saha nu nyaho aya dorprize na, kuring meunang kujang gratis. he..he..he..



On Sun, Feb 24, 2008 at 8:51 AM, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    Poe kamari mah teu kamamana, da asa cape tas ngiluan pameran kalawarta
> Sunda di acara Mileing Poe Basa Indung, jeung ongkoh apan poe Jumaah sok
> ngahaja poe Jumaah mah tara kamamana. Pabeubeurang bada Jumaahan, aya nu
> ngirim SMS, sihoreng Kiayi Tapa ngiberan aya obrolan di Pa Gun-gun kolektor
> Kujang, atuh kuring  kudu nedunan da ti pupuhu PPK (Paguyuban Pecinta
> Kujang).
> Nu ngobrol teh teu lobaan ukur opatan, kuring, Kiayi Tapa, kang Suryadi
> (ngajar di UPI, kakara beres S2, ngabahas rekonstruksi kujang), terus
> sohibulbet Pa Gun-gun.
> Ngobrol teh mimitina mah kamana mendi, tapi jadi museur kana kujang, bari
> ngilikan koleksi Pa Gun. Intina obrolan teh aya nu ngajak pameran Kujang
> dina bulan Juli taun ieu, ieu pangajak teh kudu ditedunan. Salian ti pameran
> kudu bari jeung nerbitkeun buku kujang, keur saheualanan rek nerbitkeun
> sababaraha artikel nu aya, rek dijieun buku, eta ge sugan kaijinan ku anu
> nulisna.
> Salian ti eta kudu ngamimitian ngadokumentasikeun kujang anu aya, nya
> dimimitian tina koleksi Pa Gun, biasa nyieun format dokumentasi, ti mimiti
> ukuran panjang, lebar, kandel kujang, kapanggih ti daerah mana jste.
> Koleksi anu aya di Pa Gun, lain bae kujang anu katingalna alus, tapi oge
> kujang anu sigana gunana pikeun gawe, aya nu disebut kujang pamangkas, geus
> puguh ari anu disebut kujang ciung, kujang pangarak, kujang jago, malah aya
> nu disebut kujang daun. tah palebah kujang daun, kudu aya konfirmasi heula
> sabab kakara aya istilah eta, sok sanajan enya kungsi aya nu nyebut, tapi
> eta sesebutan teh naha pedah warugana siga daun, atawa aya hal sejen.
> Sesebutan saperti kujang ciung, kujang bangkong, ku Kang Suryadi kungsi
> ditaliti tina sisi rupa, enya aya kasarupaan bentuk, atawa metamorfosis tina
> wujud ciung atawa bangkong. Palebah dieu tangtu make elmu senirupa. Jadi aya
> pakaitna antara, alam, tutuwuhan jeung sasatoan mangaruhan kana hasil karya
> kaasup dina pakarang.
> Aya kapanasaran lamun ningali wangun kujang keur digawe, atawa maca dina
> naskah kuno Sanghyang Siksa Kangdangkaresian, kujang teh keur tatanen, ana
> kitu ti mimiti iraha kujang jadi pakarang pusaka anu kalan-kalan
> dipusti-pusti. Siga kujang daun anu aya di Pa Gun, asa pamohalan lamun eta
> pakarang teh keur tatanen, keur mah wangun rada leutik, katurug siga nu
> hengker, hartina moal alus lamun keur dipake kudak kadek, kitu deui lamun
> keur dipake alat bela diri, da sigana lamun dibabuk ku ruyung ge geus miley
> atawa ngacleng. Jadi fungsina leuwih ka jadi pakarang tutungkusan, barang
> pusaka. Barang pusaka lain keur diabar-abar, tapi leuwih nyoko kana batur
> hirup, nguatan kana mental, mageuhan kayakinan.
> Tah robah fungsi eta nu can jelas ti mimiti iraha. Ngan aya beja ceuk
> lisan, kujang pusaka dipake baheula tetep dina tatanen, upamana dina melak
> pare, keur ngajaga sangkan pepelakan alus eta kujang diabarkeun dikebon
> atawa lamun keur nyebor caina ngahaja dikeueuman heula kujang nu dianggap
> pusaka.
> Keur nganyahoankeun kira kira umur kujang, aya sababaraha cara nyaeta
> ningali pamorna. Aya nu disebut pamor gaya Damaskus, aya pamor titipan, aya
> deui pamor ukiran (etching, etsa). Tina pamor eta nu mana anu pangheubeulna
> can bisa ditetepkeun, ngan lamun gaya etsa sigana eta mah kabehdieunakeun.
> Tapi anu leuwih afdol mah nya meureun uji carbon tea.
>
>    Messages in this topic
> <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/126131;_ylc=X3oDMTM4YnY1ZjNiBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzEyNjEzMQRzZWMDZnRyBHNsawN2dHBjBHN0aW1lAzEyMDM4MTgwMzIEdHBjSWQDMTI2MTMx>(
> 1)  Reply (via web post)
> <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/post;_ylc=X3oDMTJya2llcnZsBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzEyNjEzMQRzZWMDZnRyBHNsawNycGx5BHN0aW1lAzEyMDM4MTgwMzI-?act=reply&messageNum=126131>|
>  Start
> a new topic
> <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/post;_ylc=X3oDMTJlNzBldXZoBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA250cGMEc3RpbWUDMTIwMzgxODAzMg-->
>  
> Messages<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/messages;_ylc=X3oDMTJlczZpcTIyBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA21zZ3MEc3RpbWUDMTIwMzgxODAzMg-->|
> Files<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/files;_ylc=X3oDMTJmYzhwMzJwBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2ZpbGVzBHN0aW1lAzEyMDM4MTgwMzI->|
> Photos<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/photos;_ylc=X3oDMTJlZWlzM2ZoBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA3Bob3QEc3RpbWUDMTIwMzgxODAzMg-->|
> Calendar<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/calendar;_ylc=X3oDMTJkZHBpN3RnBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2NhbARzdGltZQMxMjAzODE4MDMy>
>  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>   [image: Yahoo! 
> Groups]<http://groups.yahoo.com/;_ylc=X3oDMTJkNWc5YzhnBF9TAzk3NDc2NTkwBGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2dmcARzdGltZQMxMjAzODE4MDMy>
> Change settings via the 
> Web<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join;_ylc=X3oDMTJmYTA5bGRvBF9TAzk3NDc2NTkwBGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA3N0bmdzBHN0aW1lAzEyMDM4MTgwMzI->(Yahoo!
>  ID required)
> Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest<[EMAIL 
> PROTECTED]:+Digest>| Switch
> format to Traditional<[EMAIL PROTECTED]:+Traditional>
>  Visit Your Group
> <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda;_ylc=X3oDMTJkNjZoa3ZtBF9TAzk3NDc2NTkwBGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2hwZgRzdGltZQMxMjAzODE4MDMy>|
>  Yahoo!
> Groups Terms of Use <http://docs.yahoo.com/info/terms/> | Unsubscribe
> <[EMAIL PROTECTED]>
>
>

Kirim email ke