--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Poe kamari mah teu kamamana, da asa cape tas ngiluan pameran
kalawarta Sunda di acara Mileing Poe Basa Indung, jeung ongkoh apan
poe Jumaah sok ngahaja poe Jumaah mah tara kamamana. Pabeubeurang bada
Jumaahan, aya nu ngirim SMS, sihoreng Kiayi Tapa ngiberan aya obrolan
di Pa Gun-gun kolektor Kujang, atuh kuring  kudu nedunan da ti pupuhu
PPK (Paguyuban Pecinta Kujang).
> Nu ngobrol teh teu lobaan ukur opatan, kuring, Kiayi Tapa, kang
Suryadi (ngajar di UPI, kakara beres S2, ngabahas rekonstruksi
kujang), terus sohibulbet Pa Gun-gun.
> Ngobrol teh mimitina mah kamana mendi, tapi jadi museur kana kujang,
bari ngilikan koleksi Pa Gun. Intina obrolan teh aya nu ngajak pameran
Kujang dina bulan Juli taun ieu, ieu pangajak teh kudu ditedunan.
Salian ti pameran kudu bari jeung nerbitkeun buku kujang, keur
saheualanan rek nerbitkeun sababaraha artikel nu aya, rek dijieun
buku, eta ge sugan kaijinan ku anu nulisna.
> Salian ti eta kudu ngamimitian ngadokumentasikeun kujang anu aya,
nya dimimitian tina koleksi Pa Gun, biasa nyieun format dokumentasi,
ti mimiti ukuran panjang, lebar, kandel kujang, kapanggih ti daerah
mana jste.
> Koleksi anu aya di Pa Gun, lain bae kujang anu katingalna alus, tapi
oge kujang anu sigana gunana pikeun gawe, aya nu disebut kujang
pamangkas, geus puguh ari anu disebut kujang ciung, kujang pangarak,
kujang jago, malah aya nu disebut kujang daun. tah palebah kujang
daun, kudu aya konfirmasi heula sabab kakara aya istilah eta, sok
sanajan enya kungsi aya nu nyebut, tapi eta sesebutan teh naha pedah
warugana siga daun, atawa aya hal sejen. Sesebutan saperti kujang
ciung, kujang bangkong, ku Kang Suryadi kungsi ditaliti tina sisi
rupa, enya aya kasarupaan bentuk, atawa metamorfosis tina wujud ciung
atawa bangkong. Palebah dieu tangtu make elmu senirupa. Jadi aya
pakaitna antara, alam, tutuwuhan jeung sasatoan mangaruhan kana hasil
karya kaasup dina pakarang.
> Aya kapanasaran lamun ningali wangun kujang keur digawe, atawa maca
dina naskah kuno Sanghyang Siksa Kangdangkaresian, kujang teh keur
tatanen, ana kitu ti mimiti iraha kujang jadi pakarang pusaka anu
kalan-kalan dipusti-pusti. Siga kujang daun anu aya di Pa Gun, asa
pamohalan lamun eta pakarang teh keur tatanen, keur mah wangun rada
leutik, katurug siga nu hengker, hartina moal alus lamun keur dipake
kudak kadek, kitu deui lamun keur dipake alat bela diri, da sigana
lamun dibabuk ku ruyung ge geus miley atawa ngacleng. Jadi fungsina
leuwih ka jadi pakarang tutungkusan, barang pusaka. Barang pusaka lain
keur diabar-abar, tapi leuwih nyoko kana batur hirup, nguatan kana
mental, mageuhan kayakinan.
> Tah robah fungsi eta nu can jelas ti mimiti iraha. Ngan aya beja
ceuk lisan, kujang pusaka dipake baheula tetep dina tatanen, upamana
dina melak pare, keur ngajaga sangkan pepelakan alus eta kujang
diabarkeun dikebon atawa lamun keur nyebor caina ngahaja dikeueuman
heula kujang nu dianggap pusaka.
> Keur nganyahoankeun kira kira umur kujang, aya sababaraha cara
nyaeta ningali pamorna. Aya nu disebut pamor gaya Damaskus, aya pamor
titipan, aya deui pamor ukiran (etching, etsa). Tina pamor eta nu mana
anu pangheubeulna can bisa ditetepkeun, ngan lamun gaya etsa sigana
eta mah kabehdieunakeun. Tapi anu leuwih afdol mah nya meureun uji
carbon tea.
>

Kang Sas,
Tumaros ari Waruga Kujang anu aja di Tugu Kujang Bogor kalebet kujang
naon, sanes deui anu aya dilebet kebon raya eta mah namina kijang.

Sunarya.



Kirim email ke