Ceuk kuring mah penting pisan, dina forum ieu aya
"sukarelawan" (non-partisan, anu heunteu kampanye
salah sahiji cagub) anu bisa ngalungkeun visi jeung
misi sagemblengna para cagub. Supaya teu
sapotong-sapotong newak gagasan/ide ti para calon. Ti
dinya bisa kanyahoan, rek dibawa kamana Jawa Barat
lima taun kahareup. Salin ti kitu, urang oge bisa
ngilu "ngawaskeun", para cagub anu kapilih, naha
program-program anu dijalankeun luyu jeung visi,
misina wakAu kampanye.
atuh upama urang rek ngiluan partisipasi aktif, saha
wae engkena anu rek jadi gupernur, mangga geura
sodorkeun fakta/data di lapangan, solusi jeung kumaha
prak-prakanana dina ngajalankeun solusi eta.
Pangalaman kang Dede Mariana di widang panalungtikan,
atawa Teh Ika anu aya di "kawah candradimuka"na
perencanaan Jawa Barat, bisa nambahan wawasan para
warga babakan KUSnet, dina perkara "memahami" kaayaan
Jawa Barat ayeuna jeung nu rek disorang.
Sabenerna mah Jawa Barat teh boga potensi leuwih maju
tibatan propinsi sejenna. Sabab di wewengkon Jawa
Barat, beunghar ku ayana institusi anu bisa dianggap
"grup think thank", aya UI, IPB, ITB, Unpad, jeung
rea-rea deui paguron sejenna anu jadi gudangna jalma
pinter. Ngan hanjakal pangawasa Jawa Barat, ti bisa
ngamangpaatkeun potensi ieu sacara maksimal.
Dina hiji kasempetan pasamoan gupernur Jawa Barat
jeung pamingpin paguron luhur, Rektor Unpad(harita)
Prof. Mihendra balaka, Unpad rido upama aya dosen anu
ilubiung/ancrub di struktural pamarentahan Jawa Barat,
hiji bukti komitmen Unpad keur nyejahterakeun warga
Jawa Barat.
Komitmen siga kitu teh, nunjukkeun aya karaketan
antara birokrat jeung elmuwan. Sigana pikeun gupernur
anyar, perlu leuwih diraketkeun deui. Hartina aya
udagan anu rek dihontal jeung kudu terarah, jelas,
terukur, kaluaran atawa hasil ahirna.
(engke disambung deui ).
baktos,
mrachmat uidipura
--- tantanhermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Hatur nuhun kana euyeubna komentar kana tulisan
> kuring.
> Aya sababarah hal anu terus kudu diteuleman dina
> diskusi ieu. Salah
> sahijina naon anu disungkeun ku Kang Rahmat ngenaan
> kumaha kira-kirana
> mun wujud pangwangunan, kasejahteraan, jsb, mun
> pasangan-pasangan ieu
> naek.
>
> Kuring estu teu ngabogaan referensi anu lengkep
> ngenaan maranehna. Boh
> visi, atawa tim anu ngalimpudan sabudeureun eta
> calon. Sahingga
> analisis kuring moal ditumpukeun kana pasangan, tapi
> kana karakter
> program pangwangunan. Ti dinya, mudah-mudahan anu
> maca ieu email tiasa
> nyambungkeun kira-kira saha aya di mana.
>
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs