ulah luhur2 teuing ngalamuna, bisi edan yeeee.... :D
anu kudumah gaduh rencana masa depan...
 
 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of Abu Kasya
Sent: Tuesday, March 04, 2008 3:29 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Lamun meunang duit 6 milyar=> Mangkade ah sing
ati ati





Ngalamun ieu mah...
 
lamun urang boga 6 milyar... ulah kagok syukur... sumbangkeun kanu bencana..
sumbangkeun ka anak yatim.... sumbangkeun kanu kalaparan... sumbangkeun ka
pembangunan masjid dll....
 
Atuh beak cenah di bagi bagi wae mah.... ah keun wae.....ngalamun deui we nu
leuwih gede , meunang duit 50 milyar misalna..... heheheh....
 


 
On 3/4/08, Dadi Kurniadi < dadikurniadi@ <mailto:[EMAIL PROTECTED]>
yahoo.com> wrote: 



Hatur nuhun kang dud,
Nerangkeun na meni dugi ka serah-serahna kang.
Ari anu kalenyepan ku simkuring mah, Tulisan Mrahmat Rawyani teh sanes anu
kaluar tina ati sanubari siga namah, Margi moal enya aya urang sunda model
kitu?
Anu kahartos ku simkuring mah anjeuna teh ngungkapkeun kakesel hate,
ngadangukeun para pejabat ayeuna. Jeung da kitu kanyataan hate para pejabat
ayeuna teh geuning. Geus teu sieun deui ku Allah, padahal mun urang sadar,
Allah tetep mureleng nalingakeun urang timimiti gerak hate nepi ka kalakuan
nu dipilampah, teu beurang teu peuting, teu nembrak teu nyumput. Moal
leungit tina pandangan Allah. Termasuk kalakuan anu ku urang dipilampah
jeung kahadean nudipilampah tetep di kalkulasi ku Allah diitung taya nu
kaliwat anu bakal dipertanggung jawabkeun di akherat.
Sok inget kana kalakuan simkuring dina palebah digawe, Kabeneran simkuring
teh korsina rada baseuh. bagean kontrak proyek jeung kost kontrol. Ari
perusahaan simkuring bergerak dina ngawangun jeung ngarenovasi kapal,
fabrikasina aya di Johor-Malaysia. Sedengkeun kapalna datang ti manca
nagara. rupa-rupa warnanya....Namina oge kapal dulur, najan ngarenovasi
hungkul nilai kontrakna sok nepi ka Sin $ 11 juta dollar keur proyek salila
ukur sabulan (kurs na mah pang itungkeun we lah da kalkulator kuring leutik
angkana teu muat). 
Kontrakna kawilang gararede sabab kapal nu direnovasi na kapal-kapal badag
jeung loba kapal saperti LPG/LNG, tanker, VLCC nu panjangna leuwih 300
meter. 
Dina jalan na proyek sok aya tambahan itu jeung ieu kumaha we mun urang
ngarenovasi imah, kadang hayang ngamodifikasi nu teu perelu pan. Nepi ka
dina proyek selesai, biaya jadi nambahan. leuwih loba batan nilai kontrak.
Kadang-kadang sok leuwih nepi ka 20% tina nilai kontrak. Dina hal ieu sabab
ayana juru nego.
Tah dina akhir proyek simkuring sok kapeto jadi juru nego jeung client sabab
simkuring nu ngontrol kos eta proyek. Ngong-ngeng adu regeng, anu
ujung-ujungna sok aya client nu teu mampu mayar ngeleketek kuring, rek mere
5 persen lah, aya nu rek mere 10 persen lah kumaha badagna biaya. Keur
mimiti mah rada aheng kajadian ieu teh, tapi beuki lila, beuki sering teu
aneh teuing da kitu meureun gogodana. 
Cing pang ngitungkeun baraya mun 5% tina 12juta Sin dollar? dina sabulan
hiji kapal, mun sataun sabaraha nya?
Memang baraya mun ngukur ka kabutuh mah, imah kuring nu di Batam type 36 can
lunas, cicing di malaysia cukup di rumah dinas nu disadiakeun perusahaan
(tong dibandingkeun jeung rumah dinas DPR nya da eta leuwih alus batan hotel
bintang 5), mobil nu dipiboga saharga RM5000 proton saga taun 91 (di lembur
mah moal aya mobil kitu da teu laku). Anak rek sakola pasti kudu siap-siap
biaya. Komo deui cicing jeung sakola di Malaysia. Sedengkeun ningali gaji
bet asa teu pantes pikeun juru nego model kuring...(ceuk pikiran hate nu
keur sombong..)
Tapi pan baraya, hirup teh ukur ngumbara. Dina hitungan detik hirup urang
bisa wae berubah, bisa maot, bisa hirup. Bisa beunghar bisa miskin..terus
pilih ganti. Keur naon atuh meunang duit sakitu gedena ari ladang curaling
mah? naha aya kanikmatan? 
Berekah...
Tah eta pan nu dipiharep ku urang teh..??? rek berekah kumaha mun salila
hirup diudag-udag wae ku kasieun. Sieun katewak polisi, sieun maot memeh
tobat sieun....wah rea-rea deui we...
Loba harta loba banda tapi teu berekah, ari geletuk teh tong gede-gede
dibere diabetes we, cik kumaha? loba duit rek dahar jeung nungeunah teu bisa
loba, diukur, di gram....
Loba mobil aya kana 10 na warna warni, dipake nage diakurkeun jeung mun make
warna baju. Na da ari dipake teh bet ukur hiji geuning. teu bisa dipake
babarengan.
Imah sakitu gedena ukur ngaheurinan lembur hungkul, da teu ka ubek kabeh...
Jadi naon nu rek diteangan baraya..??
Balik deui ka lalakon simkuring. Sanajan kaayaan kuring model kitu, di imah
teu boga korsi-korsi acan (pedah lain teu kabual) da percuma da moal cicing
salilana dilembur batur. Cukup ngampar karpet we diruang tengah. dibaturan
ku tv 21". padahal mun kuring balik ka lembur atawa ka Batam pasti wae ateul
hayang meuli ieu jeung itu.
Tah pipikiran "hirup ukur ngumbara" teh kudu diterapkeun dina raraga urang
babanda. Inget yen urang teh moal lana didunya. Tapi geuning ari dilembur
urang mah mun aya jelema model kuring nepi ka teu boga korsi-korsi acan, teu
weleh pada ngaromongkeun. Didieu mah dulur...Chuuu eexxxx we.....euweuh nu
usil.
Baraya, Kahirupan kuring model kitu, dianggap kukuring mah hiji anugrah anu
taya wates wangen na. Sanajan gaji kuring leutik (ceuk ukuran jabatan
kuring), tapi dina hate aya hiji kabungah anu taya wates wangen na. 
Sababna :
hiji kuring disalametkeun tina curaling.
Kadua bisa nganafkahan anak pamajikan ku jalan halal.
Katilu berekah dina ngamangfaatkeun gaji.
Ka opat dibere kasempetan ku pausahaan pikeun nga explore kamampuan kuring.
Sabab sabenerna mah kuring teh pangsiunan "budak angon" waktu keur dilembur.
Kuring leuwih punjul batan babaturan kuring nu masih nepi ka ayeuna masih
keneh ngajabat jadi "budak angon" sabab Allah tetep nalingakeun jeung
ngawaskeun kuring beurang jeung peuting. 
Peupeujeuh ka dulur sadaya, jabatan teh "Amanah" nu kudu dijalankeun jeung
dijaga ku urang. Masing-masing jalma tangtu ngabogaan "amanah" teu no bodas
teu nu hideung, teu miskin teu beunghar kabeh ngabogaan "amanah" da geus
jadi fitrahna manusa.
Peupeujeuh ka US kasing ka boga ka era, ulah ngerakeun US nya.....
Ngomong kieu teh ceuk kang dudi oge itung-itung ngingetan diri sorangan, mun
aya mangfaatna mangga we pulungan.
wassalam

 


dudi mulyadi < [EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> com> wrote:


Kang, Ceuk kuring mah, lain tobat atuh ngaranna, lamun tianggalna keneh,
samemeh ngalakukeun perbuatan dosa, diniatan:"Engke we tobatna,lamun
geuswareg " enjoy". Niat eta, kereteg hate eta, mangrupakeun  kalakuan hate
anu hakekatna geus nyanyahoanan atawa ngaleuwihan pangawasanana Pangeran.
Teu rek nyanyahoanan kumaha, lamun niatna kitu mah. Coba saha nu rek
ngajamin hirup urang bakal rada lila, minimal nepi ka aya kasempeten keur
tobat heula weh, samemeh maot. Coba lamun  kakara ge eta duit nu 6 milyar
teh dicepeng, geletuk weh maot. Rek iraha  enjoyna jeung  tobatna.
 
Loba geuning luang, misalna kabejakeun  aya sepasang  wanita -laki laki nu
lain muhrimna dalam keadaan bugil cenah di jero mobil di Ancol , kanyahoan
maot dina jero mobil kulantaran ngisep gas CO.
Terus aya tukang mabok, tikecebur maot oge, padahal mah awakna belekesenteng
keneh, ceuk sareatna mah jauh keneh ka bau taneuh. 
Kuring mah yakin, tina dua luang eta, si oknum kasebut, yakin manehna nyaho
pisan yen anu dipigawena teh   geus ngalanggar aturan , agama, tapi terus
keneh dijalankeun , kalayan  diawalan ku  niat, ah  isukan mah moal, rek
tobat  we. Ieu nu panungtungan. Tapi kanyataanna teu boga deui kasempetan
pikeun tobat tah. 
Tapi hakekatna anu sabenerna mah manehna teh  geus ngalakukeun perbuatan
syirik. Naha cenah perbuatan syirik?. Teu rek kaasupkeun kana perbuatan
syirik kumaha. Pan samemeh ngalakukeun dosa teh manehna geus  "mempertuhan
diri". Geus nyanyahoanan yen dirina teh bakal pililaeun umurna . Buktina
manehna nepi ka miboga  kereteg hate . Ah ayeuna mah enjoy we, engke we
tobat mah mun geus  wareg. Naha pagawean hate kituh teh lain kaasup kana
pagawean syirik kitu ?. Ceuk kuring mah eta niat teh kaasup kana pagewean
syirik. Sumawonna oge  korupsi.
 
Aya kalemahan urang dina sapopoena  ngajalankeun parentah agama . Sigana we
ataw a katingalina we  seseorang teh geus ngalakukeun parentah Pangeran.
atawa ngajauhan larangan Pangeran. Misalna katingalina sok ngalakukeun
shalat  lima waktu,  geus jadi haji, malah umroh oge tiap usik. mayar zakat,
sodakoh. Teu kaciri  sok nyembah patung , da lamun kitu katingalina mah
geus tangtu kaciri pisan geus berbuat syirik teh.
Tapi dina hakekatna mah, pagawean eta teh geus gaplah kabeh, euweuh hartina
upama dikaitkeun kana papadon Allah anu sabenerna mah. Pan cenah setiap
pagawean teh dinilai ku Gusti Allah teh tina niatna lain?. Niat na bener ,
ikhlas karena Allah, pasti bakal meunang sagala ganjaran anu geus
dijangjikeun ku Allah. Tapi lamun niatna salah kabehanna ge , gaplah ,
euweuh hartina.
 
Padahal sakur pagawean fisik urang teh samemehna diawali ku pagawean hate.
Jeung deui ari nganilai pagawean hate mah leuwih hese ti batan ningali
pagawean fisik. Pagawean hate mah bisa kanyahoan ngan ku jinisna sorangan
jeung ku Gusti Allah. Batur mah moal bisa nempona kana sakur pagawean hate
mah.Keur jelema  tukang sirik , julid ka batur, dengki plus munafek ( kabeh
pagawean hate), moal hese siga nu berbuat handap asor, sopan santun dijaga.
Tapi di satukangeun urang, ngajebengan, atawa ngomongkeun urang. Keur
jelema anu fasik  jeung munapek mah ( pagawean hate oge), moal hese acong
acongna shalat unggal waktu,  naek haji sataun sakali, mayar sodakoh jeung
zakat, tapi  sapopoe jadi malling, meres batur, korupsi dll.
Padahal sakali deui, sakur pagawean fisik  mah euweuh nilaina  di tingali ti
na papadonna Gusti Allah ( parentah jeung larangan Allah), saupama  niat
samemehna geus teu bener. Innamal amalu binniyah . Kitu pan ?.
 
Katambah tambah make jeung aya paniatan, "ah engke we tobat mah,lamun geus
wareg ayeuna mah masih  jagjag waringkas kieu mah  moal waka tobat". Coba
geura lenyepan , naha kereteg hate eta teh geus asup kana kategori perbuatan
syirik atawa  teu?. Perbuatan syirik teh lain ngan saukur percaya  kana
benda salian ti Allah miboga kakuatan.Lamun aya nu nyebut kitu, secara lisan
( perbuatan fisik) bener  pisan eta  statement teh. Tapi lamun perbuatan
hate teu saluyu jeung pangakuan lisanna. Gaplah tah  omongannan teh.
 
Misalna deui oge kasieun ku ti salian sieun ku Allah ( sieun ngalanggar
atawa sieun teu bisa ngajalankeun parentah Allah) oge geus kaasup  kana
pagawean anu nyarib nyarib berbuat syirik, Misalna wae boga kereteg dina
hate, lamun urang teu boga duit  minimal 10 milyar samemeh pangsiun, kumaha
anak pamajikan aing yeuh. Tah kereteg hate kitu oge  bisa dikategorikeun
kana perbuatan syirik. Dina hakekatna pan geus "mangeran" kana duit. Hirupna
tergantung kana duit nu 10 milyar tea. Tina niat eta disusul ku  ngalakukeun
korupsi, terus deui disusul ku niat sejen deui. "Ah keur tobat mah , naek
haji we unggal taun,  mayar sodakoh sing  kandel. Eta mah yakin naek hajina
atawa  mayar sodakohna teh, ambeh kacirina we ku jelema yen manehna teh jadi
jelema anu  sholeh. Lain karena Allah.
Hayang kacirina jadi jalma sholeh ku jelema teh hakekatna mah pagawean
syirik oge tah. Jadi tina hiji paniatan teu bener disusul ku niat anu teu
bener selanjutna ( teu bener teh  kulantaran lain  niat karena Allah). Pan
pagawean hate deui wae anu dinilai sabenerna ku Allah mah,pagawean fisik mah
tergantung kana niat tea lain?.
 
Jadi kudu ati ati pikeun diri, . Ulah kabongbroy ku pangajakna setan.
Ah ketang  tulisan ieu mah sabenerna ditujukeun pikeun ngingetan diri
sorangan  we. Tapi lamun aya mangpaatna pikeun balarea, nya Alhamdulillah.
Sasieureun sabeunyeureun mugi aya mangpaatna.
 
Wassalam

H Surtiwa < [EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> com> wrote:

Enya nya lamun urang kahujanan ku duit milyaran siga kitu...nya eungap rek
nafas din ajalan anu lempeng..eta milyaran teh bisa ngarobah nasib 1-2
turunan...tapi dosa..pan dosa tiasa tobat...tobatna engke saparantos
enjoy....Aah ..haram...enya lamun kanyahoan mah haram ...lamun henteu
?..engke we tobatna...Tah ieu anu ngagoda lamun aya hujan milyar....


On 3/3/08, MRachmat Rawyani < mrachmatrawyani@
<mailto:[EMAIL PROTECTED]> yahoo.com> wrote: 

Lamun uing dibere duit 6 milyar, wah, pokona mah rek
bebeakan wae "ngawula" kanu merena. Perkara halal
haramna, kuma engke wae. Lamun seug dijebloskeun ka
hotel pordeo, paling lila oge 5 taun, duit anu
dibalikeun deui 5 milyar. Masih aya sesa samilyar.
Lamun neangan banda pakaya salila lima taun can tangtu
meunang samilyar.
Harga diri? 
walah, anggota yang terhormat wae meunang
mangmilyar-milyar ti BI, harga dirina jadi leuwih
mahal. Buktina can aya sahiji-hiji acan anu ditangkep.

baktos,

mrachmat uidipura
masih "ngimpi" keneh yeuh.

__________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo. <http://www.yahoo.com/r/hs> com/r/hs
 




  _____  

Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.
<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/c
ategory.php?category=shopping>  




  _____  

Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs>  














 

IMPORTANT NOTICE: 
The information in this email (and any attachments) is confidential. If you are 
not the intended recipient, you must not use or disseminate the information. If 
you have received this email in error, please immediately notify me by "Reply" 
command and permanently delete the original and any copies or printouts 
thereof.  Although this email and any attachments are believed to be free of 
any virus or other defect that might affect any computer system into which it 
is received and opened, it is the responsibility of the recipient to ensure 
that it is virus free and no responsibility is accepted by American 
International Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either jointly or 
severally, for any loss or damage arising in any way from its use.

Kirim email ke