dimana linggih? upami disabudeureun jakarta cobi ka Trubus. kanggo informasi, nya tiasa langganan majalahna, tiasa ditoong di http://www.trubus-online.com tokona (sigana bibit, pupuk, sareng sajabana) http://www.tokotrubus.com/
di majalah Trubus sok dibahas kembang atanapi lauk, sato oge (kanggo nu hobi) nu nuju trend. oge sok aya iklan nursery, sigana kebon bibit rupi-rupi kembang. pilari we nu pangcaketna. aya oge buku2 khusus ngeunaan perkembangan, pedalan penebar swadaya, kanisius, ssjb. ngical: upami gaduh kios/green house, nya simpen we kekembangan dina potna di dinya, komo sisi jalan ageung mah. pasihan merek nu gaya. tiasa oge ngadamel proposal ka pabrik2/kantor, ngiklakeun kembang nu aya kanggo ngahias tamana-sakantenan pilari tukang tamanna.. malah di jakarta mah aya nu sistim sewa. kembang dina pot (sababaraha pot) disewa ku kantor persasih. digentos unggal sasih (ti pangalaman nuju damel di jakarta kapungkur-kantor teh nyewa kembang dina pot, unggal sasih datang tukang kembang ngagentos) tiasa oge ngiring pameran upami aya acara pameran flora/florist kitu. cenah sok laris. aya wargi indung budak nu rajin ngiringan pameran. sok mucekil cenah. cenah sababaraha jenis kembang malah tiasa diekspor. upami di bandung, atanapi di jakarta oge kaci, wik-en, mangga sumping ka cihideung, jl. terusan sersan bajuri bandung kaler (luhureun UPI.ikipmengkol ka kenca), di dinya desa kembang. parent in law si alias mitoha si kuring tukang kembang di dinya, ngangge merek nami pengker si cikal, Minerva florist. Jl. terusan sersan bajuri km 5 no. 2. gambarna aya di http://mangjamal.multiply.com/photos/album/22/cihideung_desa_bunga http://mangjamal.multiply.com/photos/album/28/Minerva_Florist tiasa oge husus, siga stroberi. ke damel program stroberi petik sendiri tea, sae mun aya rumah makan liwet. duren oge tiasa. tapi hese ngalana. hehe. On Wed, Mar 5, 2008 at 10:35 AM, tenni supardi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Manawi baraya aya nu tos pangalaman dina bisnis tanaman hias, > simkuring nyuhunkeun kiat-kiatna...kedah timana ngawitanana, timana > bibitna, > kumaha ngicalna sareng sajabina. > kaleresan simkuring hobi pisan kana miara sagala tutuwuhan hias, > sareng tos gaduh tempat anu strategis. > Diantos............................................! > > Hatur nuhun sateuacana. > baktos > zupardi > > ------------------------------ > Never miss a thing. Make Yahoo your > homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs> > > -- geocities.com/mangjamal mangjamal.multiply.com

