Halah..barinage saha nu rek nyimpen susu sagawayah atuh 'kang.
 
-----Original Message-----
From: kumincir [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Wednesday, March 05, 2008 3:38 PM
To: [email protected]
Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] PENJELASAN BADAN POM ... hayang "utah
miceun"
 
Numutkeun sababaraha embaran anu kantos dibaca mah, perkawis E.
sakazakii teh memang balukarna tiasa parna. Ku kituna, industri susu
formula ngalarapkeun baku/standar anu tangtu pikeun ngantisipasi ieu
hal.

Lajeng, lian ti di industrina, urang peryogi pisan waspada kana
kamungkinan kontaminasi nalika eta susu tos aya di leungeun urang.
Misalna bae urang meser susu sakilo, lajeng dibuka, dianggo dugi ka
seepna. Tah sapanjang dibuka dugi ka seepna teh ageung pisan
kamungkinanana katepaan kuman, komo upama urangna sagawayah, henteu
beresih. Aya nu nyarankeun supados ninyuh susuna nganggo cai panas
supados sakalian maehan kumanna. Memang leres kumanna (mun aya) paeh,
tapi zat2 gizi dina susu ge ku panas mah jadi ngilu ruksak. Jadi, nu
penting mah urang pas ninyuhna beresih, nyimpen susuna dina wadah anu
beresih, mun perlu mah dina kulkas (anu beresih), sareng satiasa2 ninyuh
susu teh ngadadak saperlueun budak. Soalna pami ditinyuh teras rada
dilamikeun teu langsung dileueut, angeung pisan resiko kontaminasina.
Tos kitu mah, bismillaah we...
On 3/5/08, solihin yusuf wrote:
Cik atuh nu.. ...eh..
Muhun eta teh kumaha ? geuning jadi teu pararuguh
Pun anak nembe dua taun, tos teu asi memang nanging
ti saprak aya warta ayana bakteri sakazaki dina susu formula,
kuring jadi hariwang
pun anak teh ti mimiti genep bulan eta ngenyotna susu formula
embungeun ASI dugi ka kiwari make susu formula
Nu leres kumaha eta teh? Ahli gizi 
manawi aya nu tiasa maparinan bongbolongan
 
 

Kirim email ke