Eh ari si akang :), ieu mah memang kisah nyata simkuring minggon kamari (01/03/2008), aya keneh saksina ge, nyaeta indungna barudak jeung pun anak nu masih jamedud baeud mun ngadangu2 sakola alam, karunya geura budak umur 6 tahun mah polos pisan, manehanana can ngarti dunya, manehanana bingung, naha cenah urang anu arek sakola can di test can di tanya nanaon, naha di sebut teu bisa sakola di dinya, sababna mah gara2 indung bapana di anggap kurang komitmen ka eta sakola jeung rea teuing tatanya saat di interview.
Kitu kang cariosna saleresna mah, memang jadi rame tah di comment diskusi blog simkuring, mangga kelak-kelik wae: http://www.deni-ds.blogspot.com ngeunaan bisnis pendidikan nu simkuring uningakeun. Kita ah klarifikasi ti sumkuring, ulah janten fitnah boh ka pribados atanapi sakola nu di maksad, ieu mah sakadar ekspresi kekecewaan simkuring ka sistem seleksi hiji sakola alam swasta nu teu make standar umum jeung sawajarna siga nu liana sasuai ketetapan diknas, nu ngganggo definisi sareng konsep berbeda ti kabiasaan, jadi wajar pan mun simkuring nuliskan hal eta di blog pribados... Wassalam Kang Deni Blog: http://www.deni-ds.blogspot.com ------------ In [email protected], solihin st <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ieu teh tos cross cek ti sumberna ? atanapi nembe gosip.... kade ah.... bilih jadi ka awonan .... janji komentar bari jeung teu terang asal usulna.... ------------- H Surtiwa wrote: Enya abdi tos maca dina blog Kang deni..memang aya jelema anu modar2an ngabela SA Ciganjur teh..eta anu make ngaran Vera jeung bundakey...Tah sigana pangikut Lia Eden oge type jelema kieu....Ari ceuk abdi mah golongan anu kieu teh korban aliran "feodal intelek"..anu over kana ngamumule hiji elmu atanapi pangulinan atanapi hobby...Anu dipujon teh didieu duka Sakola Alam na (kulantaran benten ti Sakola reguler anu jeleas mangrupa Business Pendidikan lamun dikalola ku Swasta atanapi Obligasi pamarentah keur sakola nagri...Ayeuna Ibu2 teh keur ngetop.. ngaraos hade lamun tiasa nyakolakeun anakna..ka Home Schooling...asa pangmajuna...trend akhir..biaya teu paduli..da ngaranna trend...Di lain pihak aya deui golongan Panusaha Pendidikan anu jeli...ieu lolongkrang teh dianggo ngeksploitir..penggemar..keur tujuan business.....Dalihna..gampil Sakola Komunitas....dari masyarakat keur masyarakat...urang ulah hilaf..demi trend ieu teh urang ngrorbankeun dua hal ; 1) Biaya langsung, hartosna cross subsidi keur nyakolakeun budak batur oge. teu mungkin mun muridna ngan sababaraha siki mah (ieu anu diwartakeun Sakola Kuminitas teh). 2) Hidden Loss ti waktu Ortu kulantaran kudu ulubiung kana kagiatan eta sakola bari ngorbankeun waktu keur gawe utama atanapi Usaha utama. Jadi sakola Komunitas ieu teh sabenerna nyedot duit jeung waktu Ortu.

