Hiji mangsa, saurang jaksa nuju diparios ku KPK
kumargi juragan jaksa "ngalegleg" artos haram.Juragan
Jaksa keukeuh peuteukeuh yen eta artos teh hasil tina
icalan permata. Nya kitu oge waktos ditalek ka
pembelana Once Kalinggis, cenah klienna teh gaduh
padamelan icalan permata

Di handap ieu, aya patarosan ka juragan Jaksa.

KPK: "Nami?"
Jaksa: "Hirup."
KPK: "Padamelan?"
Jaksa: "Jaksa di kantor kajaksaan."
KPK: "Padamelan sanesna?"
Jaksa: "Icalan permata."
KPK: "Panghasilan?"
Jaksa: "Nuwawi, pami ngandelkeun gajih mah mung cekap
dugi saminggueun."
KPK: "Panghasilan sanesna?"
Jaksa: "Tah, pami tina icalan permata mah lumayan.
Kamari wae abdi gaduh bati dugi ka 6 milyarna."
KPK: "geuning kamari ngan aya artosna wae, ari
permatana kamana?"
Jaksa: "Nya teu aya atuh, da permatana oge heunteu
sambarang permata"
KPK:"Cobi ningali sapertos naon permatana?"
Jaksa: "Permata anu ku abdi diical nyaeta 'permata
hati' alias HARGA DIRI"


mrachmatrawyani




      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke