INsya allah leres pisan dina ngaos Maliki yaumiddin, ma na teu kenging di
panjangkeun sanaos dina tulisan na dua harkat, menurut ilmu tajwid. Tapi Tos
dicontokeun ku rosulullah yen mun macana waktos janten Imam kedah dipondokeun
teu kenging dua harkat.
Kapungkur simkuring sateuacan terang hukumna sok nyempad ka imam. tapi
saparantos terang dalilna dina sababarah akitab alhamdulillah kahartos.
Nanging maca kitu nuju solat hungkul. nuju ngaos biasa mah kembali deui ka
ilmu tajwid. nyaeta di panjangkeun.
Didieu nya kang, urang meni sok asa bener teh, ari heug teh mun urang apal
elmuna geuning, prasangka urang teh salah....NUmawi diajar mah teu kenging
sapotong2. Ulah elmu tajwid hungkul, atawa fikih hungkul, tapi sadayana kedah
diajar.
Pedoman na hiji nyaeta: "Conto rosulullah."
wallahu alam
solihin yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sapuk pisan tah saderek sadaya..ikhwatul iman..
Da Islam mah hiji nyaeta nu dicontokeun Ku Nabi Saw
"uswatun hasanah" tea
sohabat oge kadang getreng faham
tapi pami dipayunkeun ka Nabi Saw nembe eces tah
eta amalan/faham teh bener ceuk Nabi Saw, anggeus masalahna
Ukhuwwah Islamiyah nu utami
sim Kuring kamari kungsi jadi imam sholat
sim kuring maca surat al-fatihah
palebah maca "ayat kaopat" kuring macana "Maliki yaumiddiin" lain Maaliki
yaumiddiin
Kecap "M "Maliki" pondok dibaca
anggeus sholat nanya tah nu amum ka kuring
geuning ayat kaopat pondok "Ma"na?
Ku kuring dijentrekeun aya dua pilihan bacaan
Kuring sok make duanana da memang kitu aya sumberna
Lamun teu percaya buka kitab Tafsir nu Ma'tsur, ceuk kuring
contona Ibnu Katsir, Al-Maraghi, Ad-Durrul Mantsur jrrd
sok aos dugi ka olab bakat ku seueur2na .....
Supados langkung yakin cobi naros ka Hafidz Qur'an, ahli Qiraat
jempe eta jalmi...oh..
eta kasus janten palajaran kangge sim kuring terus kudu diajar jeung diajar
"long live education" diajar saumur hirup "minalmadi ila lahdi"
Dina sajarah imam2 madzhab atanapi ulama nu geus asak elmuna
tara parasea malih silih hormat
conto nu caket Prof. Hamka, tokoh Muhammadiyah
nganjang ka Ulama Nu di Jawa Wetan
didaulat janten Imam sholat shubuh
anjeuna maca qunut, nalika solat lekasan
aya nu naros," naha make qunut ?"
saur anjeuna ngahormat ka dulur saagama
sok lah tong pagetreng ....
silih hormat
silih ajenan
sasama dulur saagama sabangsa sanagara sadunya
kuring mah madzab ukhuwwah wae
asal puguh dalilna
sanajan kitu kuring oge boga cecekelan sorangan
Hirup Islam... Hatur Nuhun
www
sy
Nuju ikhtiar diajar mapay jalan Islam
----- Pesan Asli ----
Dari: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Kamis, 13 Maret, 2008 09:17:17
Topik: Re: Bls: [Urang Sunda] Re: Demokrasi
Muhun atuh ari paragraf 1 sareng 2 mah kedahna kitu. Anu sapaham sareng
sami persepsina sagolongan, anu sejen sagolongan deui, teras dugi kaaya ratusan
siga ayeuna..ieu teh fakta..Ngadu renyomkeun aya untungna aling henteu nambah
elmu...KUNON batur tiasa boga pandangan sejen..padahal dasarna sami pan AQ
sareng AH ? Ari masalah shalat khusuk dina hartos luas panginten) eta mah "goes
without saying" parantos janten kawajiban ummat Islam naon wae aliranna..sanes
kitu ? Adu renyom tetep wae aya...masing2 aliran pamahaman..garaduh
website..malah aya anu langkung ti hiji...
O ____ _________ _________
_________ _________ _
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo. com/r/hs
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
Answers
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.