Punten ach kasadayana,ngiringan bandwithna

Sok sanajan rada telat terbitna, alhamdulilah majalah balebat edisi maret tos 
terbit. Jeung na deui teu karaos parantos satahun yuswa balebat teh, sok 
sanajan seueur aral rinatangan bog dina waragad, seratan atawa nu sejenna. 

Dinu ieu edisi maret teh, dinu cover na nu gambar hejo nyrikeun hejo 
pamandangan alam di tatar bogor, kusabab nu jadi tema ayeuna ngeunaan seren 
taun kamari, kumaha cenah kayaan seren taun kamari teh naha tambah rame ataw 
hanteu di Kampung Budaya Sindang Barang teh.

Sanajan ti eta oge aya seratan ngeunaan bujangga bogor MA. Salmun, saha sih MA 
Salmun teh jeung yasa naha dinu bidang naon oge, teu hilap oge aya seratan 
ngeunaan naon hartina ngabalay, aya oge seratan ngeunaan Prasasti batutulis.

Tah bilih panasaran mah mangga weh meser majalah na, nang 5000 rebu. Mun teu 
aya agen di kota saderek mangga weh tinggal ka http://balebat-online.com kangge 
mesen na jeung didinya tiasa di pilari agen-agen nu nyadiakeun majalah balebat.

Hatur nuhun.

Majalah Balebat "Ngariksa Sunda Kalayan Daria"


nb :
kanggo nu bade ngintunkeun seratan atawa kritikan atawa  saran mangga kintun 
surelek ka : [EMAIL PROTECTED]



      ___________________________________________________________ 
Rise to the challenge for Sport Relief with Yahoo! For Good  

http://uk.promotions.yahoo.com/forgood/

Kirim email ke