heheheh can nanaon ge sok hayang seuri euy..maca nu juragan keom mah... NALO = Nampa Acan Lieur Otak terus pn di ganti ku LOTO = Lieur Otak Terus Owah...... ya..aya wae nya.....
----- Original Message ----- From: syam To: [email protected] Sent: Thursday, March 13, 2008 12:21 PM Subject: [Urang Sunda] "NALO" *********************** Your mail has been scanned by Telkom Anti Virus System *********************** Baheula, jaman tikotok dilebuan keneh,boh dipilemburan sumawona dikota, mahabu pisan ku nalo. Nalo teh singketan tina Nasional Lotre, sok disebut oge kodeu buntut. Duka dimeunangkeun duka henteu da numasang ge tara ieuh dicaram,kitu deui nu jadi bandar teu matak diudag-udag ku aparat, meureun ayana nalo teh jiga porkas atawa sdsb we nu dilegalkeun ku pamarentah. Saking populerna kecap nalo ieu, nepikeun ka kurupuk ge aya nu diaranan kurupuk nalo,ditorosan ku palastik,tengahna molongo jiga hurup "o" kitu deui diwewengkon Jakarta pernahna hareupeun ancol pisan aya padumukan nalo. Jaman harita, nu resep kana nalo mah, gawena teh ngan ngodeu jeung ngodeu we, buukna ge nepi ka murudul,botak sawareh. Dina pesakna teu weleh nyolegeng pulpen jang kutrat kotret, sanggeus meunang angka hade hasil mistikan,kakara dipasang. Kuburan jeung tempat karamat ngadadak haneuteun da loba nu ngarimpo, aya liang hunyur dipeutingan, sirah cai sanget diendongan, dipara ditapaan, unggal goah diunggahan, tujuana sarua, hayang meunang kodeu jetu. Unggal sore ngarumpul diburuan, budak nu kakara diajar ngomong ditaranya, komo aya nu gelo mah, mani kawas nu atoh pisan, da cenah sok mere kodeu jetu, antukna nu waras siga nu gelo, atuh nu gelo tambah teu waras da uteukna hayoh wae dipake mikiran kodeu buntut. Sanajan sirah ngebul balas mikiran kodeu, ari geus ngong adan magrib mah sok gura giru ka marasigit, balik ti masigit garuprak deui ngarodeu, ibadah kawas euweuh tapakna, pamikirna solat kawajiban, ngodeu ge kitu. Lamun ngimpi teu weleh digaleongkeun ka kodeu, biasana mun ngimpi dipacok oray totonden tereh meunang jodo, kulantaran harita keur usum nalo, nu ditapsirkeun tina ngimpi eta lain totondenna tapi kodeu orayna,nu bisa ditempo dina paririmbon kodeu. Jang panduan nu nek masang, tukang nalo, sok mawa salambar kertas stensilan,katelahna "talatah abah" eusina aya nu mangrupa gambar jelema, atawa sasatoan, tapi mun ditelek telek mah eta gambar teh sok mirupakeun angka-angka kodeu wungkul. Dihandapna sok diimplik-implikan ku kalimah kalimah kawas kieu "oray neleg bancet" atawa "monyet pasea jeung munding" mun keur kaparengan, kodeu sasatoan nu aya di talatah abah eta sok kaluar oge. Kawas hiji jalma anu sirahna botak sabeulah lantaran loba teuing ngodeu, nembus dua angka,masangan tujuh - hiji [71] lantaran dina talatah abah aya gambar patani mawa pacul bari kundang iteuk. Teu pira masangna mah ngan saratus perakeun, tapi sanggeus nampa duitna bisa meuli kurupuk nalo jeung aromanis sablekeun. Rebun-rebun keneh, nu marasang mah,geus pating kuniang ningali pangumuman. Biasana nomer nu kaluar sok dijeblageun dina bor anu ditulisan ku kapur. Geus jentre nomer sabaraha anu kaluar, nu marasang aya nu jejebris bari jajadol, aya nu bebedul bari nyorowok "kalauuuuut" bari kertas anu sagede pahpir tanda masang kodeu teh langsung dijojoet. Ceuk sakaol, matak nu marasang sok nyarebut kalaut mun pasanganana teu keuna, cenah lantaran bandar-bandar gedena, sok miceun ruruba ka laut sangkan nu marasang jarang nu keuna. Kiwari geus teu jaman tikotok dilebuan deui,tapi geus pake superpell,kecap nalo ge kari tinggal waasna. Sanajan kitu lain hartina perjudian geus euweuh, nu terselubung mah meureun loba keneh,aya judi mengbal,toto gelap,judi koprok, bola ketangkasan, rolet jrrd. Duka nu ieu ge kaasup terselubung, anu nitah sms paloba loba bari dibibita ku hadiah nu matak uruy. Teuing ah, nu pasti, kiwari moal hamham moal hariwang, mun aya nu botak sabeulah, moal disangka botak alatan sapopoe sok ngodeu, dina botakna ge paling mikiran harga harga anu terus nerekel naek, ari panghasilan tibaheula tetep we jalan ditempat. Beu! ***SR*** aya landong baeud tanpa resep dokter, tanpa epek samping, mangga klik didieu : www.keomsakedap.multiply.com

