langkung sae deui tambihan..guguru ka sabanyak mungkin ustadz tina berbagey
aliran..gaul sareng ummat bendeten aliran...nyaba kaberbagey daerah Islam
anu benten..tsfsirna..praktek ibadahna...jrrd. Tah tidinya simpulkeun..pasti
kasimpulanna..Islammah hiji..ngan loba pamahaman kulantaran..tingkat
kamampuan akal...wawasan..jeung pangalaman..beda2...

On 3/14/08, Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Alhamdulillah.....hatur nuhun Kang SN kana pairanana nu munel sae pisan
> kang abdi oge salut ka akang dina pertentangna nembrakeun pamahaman akang
> malah tiasa nangtoskeun ieu pamolah misiionaris katampi pisan...sakali deui
> hatur nuhun.......
> Punten ah abdi oge bade nembrakeun pamahaman abdi :
> Abdi asli ngagem Islam, kunaon atuh abdi munculkeun masalah ieu alesanana
> mah :
> 1. Ka idean ku padungdengna  masalah demokrasi di milis ieu
> 2. Abdi masih emut piwuruk guru ngaji almarhum Mama Utom Bustomi jaman
> keur smp tahun 70-an di Gg. Masjid Cicadas Bandung anu napel dugi ka ayeuna
> dina kahirupan abdi diantawisna : " Jang jigana Mama mah moal bisa nyaksian
> kumaha ramena jeung garelutna urang papada islam kulantaran kamajuan jaman
> jeung pamikiran sewang sewangan, sabab Mama mah meureun kaburu maot tah sok
> geura regepkeun aya hiji carita.
>
> Jaman baheula aya hiji sufi anu katelah mashurna dina masalah ibadah ka
> Gusti Allah ngarana Junun Al Misri (punten abdi rada hilap namina), aya hiji
> pamuda anu ahli syariat nu teu nganggap kaelmuan urang sufi sarta ngajak
> debat.
>
> sang sufi: saacana debat cik pangnawarkeun ieu batu ka pasar sabaraha
> hargana. ? (bari mikeun batu hideung sagede keupeul)
> si pamuda teh tuluy weh indit ka pasar bari nanawarkeun batu tea, teu lila
> datang deui ka sang sufi.
>
> Pamuda : Bapak batu teh euweuh hargaan geuning euweuh nu nawar nawar acan,
> aya oge nu nawar dihandap 10 dirham.
>
> sang sufi : tong waka putus asa pek bawa deui ka pasar permata sakalian
> tanyakeun ka ahli permata.
> Leos deui si pamuda teh ka pasar permata,  teu lila datang deui laporan.
>
> sang sufi : ditawar sabaraha batu teh ?
> pamuda : geuning batu teh mahal Bapak ceuk ahli permata hargana leuwih ti
> 1000 dinar cenah...
>
> bari imut sang supi nyarita : tah Jang eta teh tanda yen pangaweruh ujang
> kana batu sarua jeung nu dipasar ngan nyaho kulit luarna wungkul teu di
> taliti heula, tapi lamun ku ahlina mah pan kanyahoannya...mahlna eta batu nu
> sabenerna inten berlian nu can di gosok.
> tah kitu caritaan Mama Utom bari ditutup ku piwuruk : lamun urang
> manggihan naon wae anu matak helok ulang gurung gusuh nyokot kasimpulan nu
> balukarna matak pi rameun, alusna mah di taliti sing ati ati tanyakeun kanu
> nyaho mun geus kanyahoan maksudna nya kumaha urang, mun satuju laksanakeun
> mun teu satuju antepkeun.
> omat urang ulah boga sangka goreng heula apanan tina surat al hujarat oge
> urang teh di pahing pisan sak wasangka goreng teh...
> sakitu nu kapihatur..hatur nuhun, punten bilih aya nu kasigeung manah.
> hehehehehehe
>
> * dialog teh sanes kenging abdi
> * abdimah hoyong ngolongan/terang pamahaman nu sanes
>
> ----- Original Message -----
>
> *From:* Syarif Niskala <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* Milis Sunda <[email protected]>
> *Cc:* [EMAIL PROTECTED] ; [EMAIL PROTECTED] ; [EMAIL PROTECTED] ;
> [EMAIL PROTECTED]
> *Sent:* Friday, March 14, 2008 11:01 AM
> *Subject:* [Urang Sunda] Ajaran Sejati Ada Jika Sang Guru Masih Hidup :
> trik misionaris mengaburkan keyakinan Ummat Islam
>
>
>   ***********************
> Your mail has been scanned by
> Telkom Anti Virus System
> ***********-***********
>
>     Assalamu'alaykum war wab.
>
> Abdi bade mecakan, ieu surelek anu kacida jengtrena kabohonganana.  Ngan
> ukur saliwat macana, kuring geus apal pisan kana pamolah misionaris anu sok
> rajin nyieun tulisan nu nyiga-nyiga maneh Islami.  Da katingali pisan, yen
> nu nulis ieu teh lain orang Islam.  Teu percanten?  Tah dihandap ieu, ku
> abdi bade ditalungtik.  Ambeh sinkron sareng bahasanana, habasana
> disaluyukeun sareng surelek eta.
>
> .
>
> 
>

Kirim email ke