Assalamu'alaikum Wr. Wb.. Akang kakara nampi email nu bernada ngancam ti sasabaraha urang nu ngarasa komunitasna kaganggu ku posting blog akang masalah sakola keur pun anak tea....
Kaget tapi oge hayang seuri, duh simkuring ayeuna geus jadi jelema berbahaya meureun nya nepi ka kudu di ancam2 sagala?, jeung naha nya ari jelema teh sok tara malalikir, mun aya pendapat nu nyubutkeun urang teu alus kalahka ngahaok lain instropeksi diri meh euweuh deui jelema nu berpendapat siga simkuring. Tapi simkuring mah percaya, internet teh media bebas kur menyatakan pendapat salila pendapat urang bener jeung sasuai prinsip nu diyakini ku urang pribadi. Jadi inget jaman tahun 2000-an, babaturan simkuring jeung saparakanca-na boga website diskusi nu akhirna kapaksa ditutup gara2 website diskusi eta diteror wae ku pihak2 nu teu sugema kana diskusi di website eta, nepi ka di hack sagala websitena, dikiriman puluhan email ancaman jeung macem2, nepi ka babaturan simkuring teu tiasa konsentrasi didamel di kantorna, akhirna daripada bahaya ngaganggu kahirupan pribadi maranehanana jeung mopohokeun tugas kantor, eta website ditutup wae... eleh nya ngelehan, tapi ngelehan keur kebaikan, efek leanna babaturan simkuring dugi ka garentos alamat email sagala jeung aya nu gentos nomor HP gara2 perkara eta. Geuning kebebasan berbicara di internet, sangkilang bertanggungjawab ge tetep wae teu bisa nyugemakeun pihak2 nu ngarasa kausik.... Duh, dunya, dunya,,, aya-aya wae... Wassalam Kang Deni

