Merdih

Teu lila deui bakal aya hiji kajadian di tatar sunda ngeunaan pesta "demokrasi" 
tea. Ceuk cenah mah pamilihan hiji pamimpin jawa barat, nu mana beda jasa jeung 
basa baheulamah. Kiwari pamilihan teh langsung ku masarakat tatar sunda, teu 
kudu dipilih ku wakil rakyat.

Mun ceuk beja mah ieu pamilihan teh bakal adil sabab nungutkeun nu 
anggeus-anggeus mah katingali pisan jumlah suara jeung panyebaran kawentarna si 
balon teh, jeung deui geus aya survey-survey nu geus dijalankan ku 
lambaga-lambaga boh independent atanapon non-independet.

Basa kamari long wik en balik ka lemah cai uing, kabeneran deuk nganjang, lain 
nganjang hartina silaturahmi ka imah aww atawa kabogoh tapi nganjang ngahaja 
silaturahmi, ka imah babaturan geus puguh mah hampir tilu bulanna teu jabung. 
Didinya aya nu narima teh bapa jeung indungna. Nya antukna rada cacahan heula 
jeung maranehna.

Tapi basa ningali ka korsi teh aya hiji lembaran nu mana eusina ngeunaan 
promosi hiji kandidat, didinya aya tulisan mun hayang aman jeung hade kudu 
pilih da'i. Ceuk uing teh alus pisan team marketing na. Sabab mun teu salah 
Aman teh singketan tinu Agum Gumelar jeung nuk'man, ari hade hari setiawan 
jeung dede yusuf ari Da'i Dani jeung iwan sulanjana.

Geus teu lila ti imah babaturan teh, uing nganjang deui ka babaturan nu 
sejenna, kabeneran manehna aya di imah. Nya basa kadinya teh uing cacahan weh 
jeung manehna, sok komo hobina teh nyurup pisan jeung uing nyaeta sok 
angkleung2an di leuewing. Malihan mah manehna kamari cenah ka cileat neangan 
maung. Hehehe da manehna jeung babaturanna di UPI keur ngadokumentasi ngeunaan 
maung nu masih aya keneh di tatar sunda. 

Malihan mah ceuk babaturan uing mah manehna teh tukang neangan maung, nang 
manehna can kungsi ningali jirim-na langsung nang sok ningali urutna atawa 
titicakan eta maung teh. Tah teu kungsi lila aya iklan oge di tivi bandung  nu 
mana nu nyanyina mang doel sumbang tea. Naha bari ditilik-tilik teh geuningan 
laguna teh Demi Jabar , mun teu salah mah ieu oge salah sahiji prmosi Balon oge.

Nya mun teu salah mah ari Da'i di dukung ku dua partey nyaeta Golkar jeung 
Demokrat, laju Aman di dukung ku babaraha partey kawas PPP, PDIP, PDS jrdd, tah 
ari Hade mah di rojongna ku PKS jeung PAN. Tapi ari versi uing mah mun dinu 
sektor kapopuleran mah AMAN unggul jeung di tingkat Nasional, nang ari tinu 
partey nu ngarojongna Da'i Unggul . Tapi deuka teh teuing saha nu menang, nya 
ari ceuk kuring meh merdih ka maranehna mun meunang dengke kudu majukeun jawa 
Barata, sabab masih loba keneh jalma anu marisikin.

Cag ach
YM
[EMAIL PROTECTED]


      __________________________________________________________
Sent from Yahoo! Mail.
More Ways to Keep in Touch. http://uk.docs.yahoo.com/nowyoucan.html

Kirim email ke