he..he..he...
sigana akang teh dulurna simanggodod simanghuleng-huleng..

sonirosa
www.bolotot.com

  ----- Original Message ----- 
  From: Djodi Ismanto 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, March 18, 2008 10:02 AM
  Subject: [Urang Sunda] PANGALAMAN NGUMBARA



  PANGALAMAN NGUMBARA 

   

    
  "Djod, cikan kuring hayang nyaho pangalaman manéh ngumbara di Sumatra Utara, 
pék geura der kadinyah", pénta si Ujang ka si Djodi.
  "Enya lah. Pék regepkeunnya", si Djodi mimiti nyarita pangalaman manéhna:

  "Kuring ngumbara boga tujuan di gawé di tambang BATUBARA.
  Di tambang éta malah aya BARLIAN SAGALA, ngan MOHEDE sok aya oray SINAGA ulah 
SITINJAK tinjakna.
  Oray nu panggalakna mah ngarana NAGA BONAR.
  Ngaran nu boga tambang téh nyaéta MARADEN SIBUTARBUTAR BIN SAR.

  Cenah mah masih turunan RAJAGUKGUK anu aya silsilahna jeung SISINGAMANGARAJA 
téa.

  Tambang éta ayana di sisi SITUMORANG, lamun ti NASUTION SITANGGANG mah 
SITORUS lempeng, tuluy méngkol ka HUTABARAT.
  Di jalan réa TOBING, jeung rada heureut, jadi kadé ulah NAINGGOLAN.
  Di sapaparat jalan hawana SIREGAR, komo bari reureuh MARULI cai SITOHANG mah.

  Hampura nya tara nyuratan, da di ditu mah euweuh POSMAN.
  Tambang téa kungsi HUTAHURUK, aya lima karyawan SITANGGANG ku seuneu nepi ka 
TARUTUNG awakna.

  Akibatna pagawéan jadi MARGANDA, gajih tetep ngan PANGARIBUAN sapoé, 
hahargaan NAEK, kapaksa SIHOTANG ka unggal warung.
  Boro-boro MARULI baju BORU, rék ngagadékeun calana keur MARULI béas ngan 
SIGANTANG ogé teu bisa, da euweuh kantor PANGGABEAN.

  Cai hésé, kapaksa cai hujan di TENDEAN. Dahar ogé sakapeung mah ngan sangu 
wungkul bari nga HALOMOAN TULANG.

  Babaturan mah réa pisan, nyaéta SI PAHUTAR, SI RAIT, SI HOMBING, SI ANTAR, SI 
TEPU, jst.
  Ngan hanjakal euweuh nu SIMALUNGUN pisan ka kuring, paling-paling ngan 
ngomong SIAHAAN déh kamu..."

  "Geus..geus . eureun siah ! Hanjakal didéngékeun, balik ngumbara téh jadi 
rada gélo kitu !", si Ujang ngagidig balik.


  Lihat artikel lain di :
  www.pwsmedan.blogspot.com



------------------------------------------------------------------------------
  Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. 

   

Kirim email ke