Sami, abdi oge resep kana Meluk Kiss mah.
he he he he
L Parish <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ass. wr. wb.
Ping 22 dugi ka 24 Maret di kota Wickford aya "Art Exhibition by Essex
Artists", mintonkeun langkung ti 350 lukisan kenging 57 urang artists ti
sakuliah Essex.
Tikawit resep ngalukis, nembe ayeuna abdi ngiringan pameran, kaleresan caket
di kota sorangan. Bari hujan salju oge seueur nu sumping. Tapi ngan ukur
nempoan wungkul lain balanja, salami 3 dinten teh mung 11 siki nu pajeng,
kitu ge nu marirahna. Abdi ngalebetkeun 5, teu pajeng hiji2 acan. Tapi teu
leutik hate, da geuning seueur nu resepeun kana lukisan kenging abdi,
pangpangna mah lukisan Tomat, aya hiji dua urang nu naroskeun ka panitia, naha
pangaos tomat tiasa dikirangan (he he .... kawas balanja di pasar Singaparna
bae).
Ieu foto-foto basa pameran. Lukisan kenging abdi nu handapna dicirian ku
titik beureum (Under moon light/kembang Hibiscus, Cherry tomatoes, The last
rain drop/sakeclak cai dina kuncup kembang ros) sareng Stargazer/kembang
oriental lily stargazer nu dipengkereun foto abdi). Stargazer lukisan
pagageungna, ku panitia disimpenna dina stage (panggung).
Sakieu heula wartos ti Wickford.
baktos,
Lies
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
Answers