Ieu mah ngan ukur susu ganan pikeun nu bingung kudu milih saha. Da milih si
kuring mah percuma, teu kungsi didaptarkeun jadi cagub atawa cawagub da
ongkoh saha jelemana nu cukup gelo ngadaptarkeun si kuring. Heuheu. Tangtu
cek nu pinter mah lihat programnya. Tapi cek nu bodo siga si kuring mah, lah
pastina ge kabeh boga cita2 hayang ngamajukeun jabar. Teu mungkin jadi
gupernur cagub jabar tapi ngamajukeun jateng atawa bali.  Jeung biasana oge
baroga panasihat kaasup bapeda oge engke pan aya dprd, lsm, media nu tukang
motret kondisi masyarakat, jeung sajabana. Prinsipna mah sagala bisa
dijadikeun alesan, malah teu boga alesan oge bisa jeung kaci. Nu penting
ulah milih dua atau leuwih sabab teu sah, nyaah waragad nu pastina milyaran.
Nu golput mah meureun eta ge sikep demokratis, sanajan hadena mah milu
nyoblos, rugi teu milu make dana pilkadal nu milyaran eta. Hehe.

 

Ari nu gampang mah enya, cek ambu Bagja, nu wawuh. Komo bari katalian dulur,
aya pancakakina. Tapi dina henteuna, milih cagub cawagub bisa ku cara:

 

1.      salembur

 

DA'I

danny setiawan lahir di purwakarta

iwan ridwan sulanjana di bogor

 

AMAN

agum gumilar kalahiran tasik

nu'man  bandung

 

HADE

ahmad heryawan teu apal lahir dimana (aya nu apal?) bandung boa

dede yusuf lahir di jakarta

 

Purwakarta subang karawang bekasi bogor Sukabumi Cianjur 

 

2.      kumis

kumis bisa jadi alesan milih, utamana ka para ibu eneng teteh nu resep kumis
jeung anggota kumis fans club jabar. Kondisi kumisan jeung henteu aya dina
foto maranehna dina poster kampanye

 

DAI

Danny jeung iwan karumisan, tah ka para ibu, eneng teteh kanu resep kumis,
mangga pilih DAI

 

AMAN

Nu kumisan nu'man, agum mah henteu

 

HADE

Nu ieu mah teu karumisan

 

3.

4.      SARA

Ieu bisa jadi faktor nangtukeun pilihan. Malah faktor agama kudu jadi
prioritas. Dina data nu kapanggih, calon2 teh kieu:

 

Suku: Nu jelas Suku mah kabeh oge Sunda. Duka tah Dede Yusuf, mun Rahayu
Effendi urang sunda, ari bapana urang mana?

Agama: kabeh oge islam

Ras: kabeh oge kulitnya sawo asak, melayu indonesianensis

Anatomi: tah didieu aya bedana, kasep, sedeng jeung teu kasep. Tapi ieu
patali oge jeung selera. Haha

 

 

 

 

 

 

Kirim email ke