"BARUDAK" Aya wanoja bari nangkeup anakna, nanya ka jalma wijak, cik papatahan kuring, perkara barudak, Nya jalma wijak teh nyarita, budak aranjeun sabenerna lain budak aranjeun, barudak teh anak-anak kahirupan, nu ngarep-ngarep kahirupan maranehna sorangan, maranehna datang ngaliwatan aranjeun, tapi lain ti aranjeun, sanajan maranehna jeung aranjeun, tapi lain milik aranjeun, aranjeun bisa mere kanyaah ka maranehna, tapi lain pamandegan aranjeun, sabab maranehna boga pamandegan sorangan, aranjeun mere tincakeun keur ragana, tapi henteu keur jiwana, lantaran jiwa maranehna keur mangsa kahareup, nu ku aranjeun moal kahontal, sanajan dina ngimpi, aranjeun bisa miluan ka alam maranehna, tapi tong ngaharepkeun maranehna bisa ngiluan alam aranjeun, sabab hirup moal mundur ka alam katukang, henteu oge ditalian ku mangsa katukang, aranjeun lir ibarat mentangkeun gondewa, barudak lir ibarat anak panah, ngabelesat ka mangsa kahareup.
Kahlil Gibran (1883-1934) NB. Tadi beurang, ngaleos sosorangan ti kantor ka rumah Makan Padang, ngadon dahar beurang. Ari rengse dahar, ari breg hujan angin, tepi ka aya tangkal rurug di Jalan Dago Bandung, deukeut simpang Dago. Bari ngadagoan raat, kuring cicing we di jero rumah makan. Rarat reret, katingali aya pigura ngagantung dijuru, eusina tulisan jeung gambar awewe disamping jeung dikabaya bari mangku budak. Panasaran dibaca, ...euleuh geuningan sajak Kahlil Gibran, sastrawan Arab Libanon(?). Bakating ku kataji, Kuring maca tepi ka sababaraha-balikan. Kop kana HP terus difoto, ditempoan di kantor, terus nyobaan disundakeun .... Baktos, WALUYA [Keur sentimentil]

