Barang brag gumelar dina rasa ka-Islaman, ku perbawaning Iblis ti kenca, 
wawatekna belet, guru bukti saharita: Kumaha? Hade lampahkeun atawa montong? 
Tapi buktina sarua bae, anu ngalakonan henteu jadi untung, anggur sahadena 
jalma kaparentah batur, ku badan tambah hina ngalakonan nu taya kauntunganana, 
anggur matak rugi: badan diruksak kangeunahanana. Banda dikaluarkeun taya 
kagunaanana. Dening kolot atawa guru atawa ulama, meureun bae da ngarah aing 
ulah mancangah, supaya boga kaserab. Balukarna banda loba dikurangan, badan 
mulya dihinaan, rasa keur ngeunah disangsara, padahal taya ladangna. Ari. urang 
nu disiar, kauntungan kamulyaan. Turug-turug kolot sok nyaritakeun barang nu 
taya buktina, majar eta gawe dipuji’ ku Gusti Allah, timbalan ‘Rosululloh, aya 
dina Qur’an, bawa Malaikat Jabrail. Tuluy nyaritakeun poe panganggeusan, 
papasten ngeunah jeung teu ngeunah, eta ti Allah ta’ala. Padahal diandel kitu, 
hanteu diandel kitu keneh, sumawonna ana
 nyaritakeun naon-naon nu hanteu katenjo ku mata, hanteu kadenge ku ceuli, 
hanteu karasa ku rasa, eta mah beuki mutuh teu perluna; dene kapanggih atawa 
karasa eta mah montong dicaritakeun deui, da manehna ge nyaritakeun beja 
dibejakeun deui. Lamun aya, tanda untung anu ngandel, rugi nu hanteu ngandel; 
meujeuhna urang milih-milih, mana anu jadi kauntungan? 

Lebah dieu batan maju anggur mundur kana kufur, tina ngawula ku badan, tina 
ngawula ku ati. Lamun henteu digugu, dedewa moal weleh-weleh engke ngagokan 
dina gelaran iman. Rasakeun bae hanteu beunang di dieu sugan di ditu, da bongan 
wangkelang henteu beunang ku pituah nu ngeunah. Rasakeun bae da moal burung 
ngulampreng deui ka dieu, satungtung hirup mah. 

Islam (ti Katuhu, Perbawa Kapangeranan) 

Barang brag pisan gumelar dina rasa ka-lslaman ku perbawa kapangeranan ti 
katuhu, mending lakonan atawa montong? Tapi buktina sarua bae, nu ngalakonan 
tara meunang kauntungan, nu henteu ngalakonan tara jadi karugian atawa 
kacilakaan. Cek rasa ati: Aaaah! Mending dilakonan da papatah kolot jeung 
baraya-baraya, lamun daek milampah Islam, jadi rempug jeung batur-batur bangsa 
sorangan, tur meunang kapujian “jalma hade”, ngaregepkeun kana papatah. Tur 
taya bayana nu wayahnaan: salah, bener, - kumaha nu papatah bae, sabab henteu 
salah nu milampah darma ngawula ka papatah, henteu umum disalahkeun, sabab 
daekeun ngarasa hina tur ku badan cape, ku banda rugi. Taya nu dibeuli-beuli, 
kajaba darma papatah. Lebah dieu tacan nyaho di aherat, tacan sieun ku siksaan 
aherat atawa hayang kana ganjaran aherat. Ieu mimitina ngadu rasa pada rasa; 
samangsa geus ngadenge carita nu papatah darma nepikeun parentah ti Gusti Allah 
nu ditulis dina Kitab, pokna para ulama, tina
 timbalan Rosululloh, tina Qur`an, nu dibawa ku Jabrail. Ti dinya sereset 
ngandel, enya meureun, moal kolot lamo ngomong, tangtu paribasa “kembang sok 
jadi buah”. Aaaah, andel bae, ayana Allah, sabab caritana aya; ayana malaikat, 
sabab Qur’an oge bawa malaikat, cenah; ayana Kitab, sabab Rosululloh mawa 
Qur’an; ayana poe-panganggeusan, sabab caritana aya; ayana papasten nu ngeunah 
henteu ngeunah kana badan kana ati, sabab eta kabeh ti Gusti Allah ta’ala. 
Sumawonna caritana ngan eta bae, sanajan caritana kolot, nyaritakeun nu bakal 
kapanggih jaga, atawa caritaan naon-naon nu henteu kapanggih ku aing, dipercaya 
bae, sabab sahadena jelema ngabohongkeun kana caritaan kolot, nu legok tapak 
loba pamanggihna. 

Tah lebah dieu geus tepi kana gelaran Islam ku badan iman ku ati; tereh mancat 
kana gelaran iman. 

 http://sasakahasanmustapa.wordpress.com


----- Pesan Asli ----
Dari: brad porenges <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Senin, 31 Maret, 2008 12:24:48
Topik: Re: [Urang Sunda] Ambu Dewi, ceuk "Oneng"?

                
Apakah ini untuk urang Sunda?
   
  Ieu teh pertanyaan maksudna naon nya? 
   
   
  siporenges

 
      
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.
    
                                
<!--

#ygrp-mkp{
border:1px solid #d8d8d8;font-family:Arial;margin:14px 0px;padding:0px 14px;}
#ygrp-mkp hr{
border:1px solid #d8d8d8;}
#ygrp-mkp #hd{
color:#628c2a;font-size:85%;font-weight:bold;line-height:122%;margin:10px 0px;}
#ygrp-mkp #ads{
margin-bottom:10px;}
#ygrp-mkp .ad{
padding:0 0;}
#ygrp-mkp .ad a{
color:#0000ff;text-decoration:none;}
-->

<!--

#ygrp-sponsor #ygrp-lc{
font-family:Arial;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc #hd{
margin:10px 0px;font-weight:bold;font-size:78%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc .ad{
margin-bottom:10px;padding:0 0;}
-->
        
<!--

        #ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, 
sans-serif;}
#ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;}
#ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean, 
sans-serif;}
#ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;}
#ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;}
#ygrp-text{
font-family:Georgia;
}
#ygrp-text p{
margin:0 0 1em 0;}
#ygrp-tpmsgs{
font-family:Arial;
clear:both;}
#ygrp-vitnav{
padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;}
#ygrp-vitnav a{
padding:0 1px;}
#ygrp-actbar{
clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;}
#ygrp-actbar .left{
float:left;white-space:nowrap;}
.bld{font-weight:bold;}
#ygrp-grft{
font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;}
#ygrp-ft{
font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666;
padding:5px 0;
}
#ygrp-mlmsg #logo{
padding-bottom:10px;}

#ygrp-reco {
margin-bottom:20px;padding:0px;}
#ygrp-reco #reco-head {
font-weight:bold;color:#ff7900;}

#reco-grpname{
font-weight:bold;margin-top:10px;}
#reco-category{
font-size:77%;}
#reco-desc{
font-size:77%;}

#ygrp-vital{
background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;}
#ygrp-vital #vithd{
font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;}
#ygrp-vital ul{
padding:0;margin:2px 0;}
#ygrp-vital ul li{
list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee;
}
#ygrp-vital ul li .ct{
font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;}
#ygrp-vital ul li .cat{
font-weight:bold;}
#ygrp-vital a{
text-decoration:none;}

#ygrp-vital a:hover{
text-decoration:underline;}

#ygrp-sponsor #hd{
color:#999;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov{
padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;}
#ygrp-sponsor #ov ul{
padding:0 0 0 8px;margin:0;}
#ygrp-sponsor #ov li{
list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov li a{
text-decoration:none;font-size:130%;}
#ygrp-sponsor #nc{
background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;}
#ygrp-sponsor .ad{
padding:8px 0;}
#ygrp-sponsor .ad #hd1{
font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor .ad a{
text-decoration:none;}
#ygrp-sponsor .ad a:hover{
text-decoration:underline;}
#ygrp-sponsor .ad p{
margin:0;}
o{font-size:0;}
.MsoNormal{
margin:0 0 0 0;}
#ygrp-text tt{
font-size:120%;}
blockquote{margin:0 0 0 4px;}
.replbq{margin:4;}
-->
                





      
________________________________________________________ 
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://id.yahoo.com/

Kirim email ke