----- Original Message -----
From: yoseph iskandar
To: Gunawan Yusuf
Sent: Saturday, September 20, 2003 4:01 PM
Subject: Ulah Leutik Hate
Ki Dulur.
Ja dia eta mulah leutik hate geh. Nu ku kami
dicaritakeun eta, lain hartina nyalahkeun Ki Dulur.
Kami ge baheula, ja kitu. Ari sugan, dongeng eta sarua
bae deung Sajarah. Kami ge sarua bae geh, teu boga
disiplin elmu sajarah. Tapi kami otodidak bari tatanya
ka guru: Kang Drs. Saleh Danasasmita (Bogor). Ka beh
dieunakeun, loba ngobrol jeung Drs. Atja, Prof. Dr.
Edi S, Ekadjati; Prof. Dr. Ayatrohaedi; Prof. Dr.
Hassan Mua'rif Ambary, malah kungsi diskusi jeung Dr.
Halwany Michrob.
Ja kitu Ki Dulur, elmu mah euweuh pamungkas.
Satungtung urang eta aya karep Silaturahmi, bisa silih
eusian hirup. Ngan mun dia eta haren kana Sajarah,
ulah leutik hate. Kudu tahan kritik. Pan ceuk tadi
eta, euweuh elmu pamungkas. Satungtung urang daek
ngulik nalungtik, bisa bae boga pamanggih nu ilmiah
tur objektif. Ilmi atawa ilmiah, ja ti saha jolna?
Anging ti Gusti Alloh Anu Maha Kawasa. Kami bisa kana
Sajarah, lantaran ku Rakhman-Rakhimna Gusti Alloh Anu
Maha Welas Asih.
Sakitu bae geh heula. Kami deuk nyelang balik ka
dayeuh Salakanagara (Pandeglang). Cag ah, Minggu
hareup urang guar atawa tepung. Seug bae deuk ulin ka
kami mah. Alusna sore maju ka peuting, ngarah kami
salse. Alusna mawa batur nu sarua papada resep kana
Sajarah.
Salam
Yoseph Iskandar
____________________________________________________________________________________
OMG, Sweet deal for Yahoo! users/friends:Get A Month of Blockbuster Total
Access, No Cost. W00t
http://tc.deals.yahoo.com/tc/blockbuster/text2.com