aya ku jetre yeuh kang maman ngaguar felem AAC punten kang kuring nambihan sakedik lah, tambi kesel mayunan komputer
upami di tilik ti sisi film na, asanateh sapendapat lah sareng kang maman, namung upami di tilik ti dua sisi novel sareng filemna dina hartos maca heula novelna teras nonton film na aya sababaraha hal anu karasa nateh rada mengpar antara novel sareng film. memang kedah di maklum bahasa novel sareng bahasa film teu tiasa sami janten katingali nateh Hanung rada riweuh dina memvisualisasikeun kana film, antukna si film teh terkesan dipaksakeun supaya sakabeh muatan di novel bisa asup kabeh kana filem. eta ceuk kuringmah nu ngajadikeun pesan moral dina film rada ngambang teu kawas novelna. dina karaktek fahri, fedi nuril ceuk kuringmah katingali teuing jiga nu culun, beda jeung karangter fahri nu digambarkeun dina novel, salaku mahasiswa pinter, kasep, soleh, jsb pokonamah sampurna pisan. contona dina adegan fahri duduaanan jeung maria disisi nil, asanateh teu sesuai jeung karakter jalma soleh. diluar personal fedi nuril nu merankeun fahri, karakter fahri dina filem ceuk kuringmah saeutik bisa ngoreksi kalemahan karakter fahri dina novel. sabab karakter fahri dina novel asanateh sampurna teuing, sasat saeutik pisan cacatna. sapagodos sareng kang maman, upami hoyong langkung seeur pesan moral anu tiasa didugikeun kedah didamel sababaraha seri, nembe pesan moralna langkung padet. pami dibandingkeun sareng novelnamah paling nembe 20% pesan moral anu tiasa disampekeun. mangga kaanu teuacan maca novelna, geura meser bukuna atanapi nambut, teras baca sing soson-soson, sanajan tos nonton filemna da asa nateh moal karasa hambar. sanajan aya sababaraha sisi kalemahan dina ieu filem, tapi memang sacara umum namah alus pisan, salutlah ka Hanung anu tos tiasa ngangkat film nu bermoral sareng ka Kang Abik anu tos tiasa nyiptakeun novel anu berkualitas cag heula ah... Nana Suwargana ----- Pesan Asli ---- Dari: Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected]; [EMAIL PROTECTED] Terkirim: Rabu, 2 April, 2008 13:45:02 Topik: [Urang Sunda] Ayat-ayat Cinta . Ayat-ayat Cinta : Jihad Hanung jeung Kang Abik? 10 atawa 11 taun ka tukang, dina hiji mikrolet, kuring manggih sacewir kertas. Sigana mah tina koran atawa tabloid. Teuing koran naon atawa tabloid naon, ngan, ningali tipografina, lain koran atawa tabloid nu populer. Pangangguran, bari ngabangbrangkeun mobil nu ngarayap ti Mayestik ka Velbaak, eta sesewiran koran urut bungkus teh dibaca. Judulna, oge bagean awal eta tulisan geus euweuh, kari bagean tengah jeung tungtungna. Tetela eusina hiji tulisan ngeunaan kaayaan dunya film urang harita. Cop pisan jeung lelembutan kuring: Indonesia lain bae mikabutuh film-film kawas nu dijieun Garin, “film seni” tea, tapi oge film-film ala Hollywood. Gambarna aralus, jalan caritana gampang kaharti ku balarea – bari, tangtuna, teu “kampungan” atawa teu nyapirakeun kapinteran nu lalajo. Kiwari, pipikiran nu nulis, nu tina captionna kanyahoan mahasiswa ASTI, Bandung, kalaksanakeun: Urang bisa lalajo Berbagi Suami, Arisan, atawa sarupaning film ngeunaan ririwa; lian ti manggihan “film-film festival” nu dijieun ku Garin jeung sawatara mahasiswa IKJ lianna. Conto lian film nu dipiharep teh nya Ayat-ayat Cinta (AAC), film nu kiwari keur diputer di sawatara bioskop. Demi AAC, siga nu geus jadi kanyaho urang sarerea, dijieun tina novel nu kaasup best seller. Teuing geus sabaraha puluh kali ieu novel dicitakna. Awahing ku laku. Atuh, teu aneh, mun filmna ge sarua: Loba nu ngalalajoanan. Nepi ka tadi peuting (Saptu, 15 Maret 2008), di bioskop Megaria, Jakarta, ieu film geus tilu minggu diputer. Kituna teh bari teu weleh metet. Kuring sakulawarga nepi ka tilu kali datang ka eta bioskop pikeun bisa lalajo eta film. Tadi peuting ge bisa asup, bari meunang tempat diuk pangtukangna, bubuhan bae si cikal motekar: Meuli karcis ti kamarina. Demi AAC, kuring sorangan can maca novelna. Baheula, waktu meuli, karak dibukaan, kaburu diinjeum ku adi beuteung – bari teu dipulangkeun. Tapi, keur kuring aya untungna: Bisa museur kana naon nu nyampak dina film, teu dibebegigan ku kaweruh tina bacaan. Pon kitu deui, alhamdulillah, kritik-kritik ngeunaan eta novel, nu mayakpak saprak terbit, kaasup kritik ti kalangan “fundamentalis” atawa “salafy”, teu mangaruhan kuring pikeun ngalenyepan ieu film. Sanajan, kasawang ku kuring, eta buku satemenna bisa ngaberendel jadi opat atawa tujuh film. Lain bae luyu jeung potensi pasoalan tokoh-tokoh nu aya dina eta carita -- Fachri, Aisha, Maria, Noura, jeung Nurul – tapi ku pasoalan-pasoalan nu pating pecenghul di dinya: Kahirupan mahasiswa urang di Mesir, korupna hukum di nagara eta (atawa nagara muslim umumna?), poligami, posisi awewe di masarakat Mesir (atawa posisi awewe nurutkeun Islam?), hijab, “ruwetna” hubungan alatan struktur sosial feodal santri-kiai, panasna hate awewe alatan papacangan atawa kikindeuwan (kecengan?) kawin jeung awewe sejen, panghasilan atawa kamampuan ekonomi salaki nu leuwih leutik manan pamajikan, jste. Bisa jadi, pikeun jalma nu wanoh pisan kana suasana jeung kondisi Mesir, hususna kaayaan Kairo, loba hal nu teu kaudag. Tapi, Hanung geus tohtohan pikeun ngahadirkeun suasa eta kota. Pan, cenah, alatan teu bisa shooting di Mesir, manehna kapaksa shooting di India sagala? Malah, shooting di Semarang ge, cenah deui bae, nepi ka nginjeum onta sagala ti Kebon Binatang? Sacara umum, Hanung -- jeung tangtu bae Kang Abik -- bisa ngahijikeun pasoalan-pasoalan di luhur tadi dina wangun carita nu endah tur karasa wajar. Lain ukur tempelan. Kituna teh bari museurkeun maneh kana kaluhungan rasa asih, nu bisa disebut mataholang ieu carita: Aisha, awewe geulis jeung beunghar, nitah kawin deui ka salakina. Bari, kaluhungan eta teu apung-apungan teuing di langit. Tetep nincak dina logika atawa nafsu nu nyampak dina diri manusa. Aisha nitah kawin deui teh lain pedah (ukur) nurutkeun Sunah Kanjeng Nabi atawa ngajalankeun parentah agama. Tapi, sangkan Maria bisa cageur. Sabab, nya kasaksian Maria, sakumaha kabuktian, nu bisa mukakeun konci pikeun bebasna Fachri tina sagala dakwaan. Dina omongan manehna: “Sangkan anak urang teu kaleungitan bapa”. Beh dituna, Hanung jeung Kang Abik geus bisa nyodorkeun hiji drama nu unsur-unsurna kawilang pepek: Perkara kaasih nu diadukkeun jeung pasoalan sosial, hukum, politik, ekonomi, jeung budaya. Malah, nu pangpengtingna: Nilai-nilai ideal nu nyampak dina agama. Nepi ka loba ibu-ibu, oge bapa-bapa, nu gogodeg: Na, bener aya jalma-jalma kawas Fachri teh? Oge awewe siga Aisha, nu hideng nitah kawin deui ka salakina? Enya. Film ieu teh ideal pisan: Hiji santri kasep, soleh, “diparebutkeun” ku sawatara awewe ti sawatara bangsa, agama, jeung kelas sosial. Diembohan ku awewe geulis, beunghar, jeung sarua solehna. Bari settingna hiji tempat nu eksotis: Mesir. Atuh, teu munasabah mun ieu film nyumponan kahanaang sawatara kaum muslim kana film-film sarupaning kieu. Hiji film nu lain ukur ngaeksploitir kahirupan nu lubak-libuk, nu ngalakonannana gareulis jeung karasep, tapi oge miboga nilai-nilai kaagamaan nu jelas. Bari teu ti kosewad jadi film da’wah nu verbal kawas film-film Rhoma Irama, komo siga serial Catetan si Boy baheula nu ngagambarkeun “prilaku kaagamaan” masarakat urban nu mere citra ngagampangkeun agama. Kelas menengah muslim digambarkeun kalawan wajar dina ieu film. Sakumaha almarhum Arifin C.Noer, sanajan ukur sajorelat, nembongkeun hal sarupa dina film Taksi. Kituna teh, Hanung jeung Kang Abik pinter dina mungkas kontroversi: Sanajan menerkeun ayana poligami, maranehna nyingkahan kangewa kaum ibu ku mondokkeun umur Maria. Bari, keur kuring, adegan maotna Maria ieu karasa endah pisan. Malah, satemenna, nya adegan ieu nu paling endah tina kumna adegan nu nyampak dina ieu film. Nepi ka kuring ngeclakkeun cimata. Lain ku sinematografina. Tapi, ku drama nu nyampak di dinya. Enya. Pan, mun lain mangsa perang, gawe, diajar atawa ngajar, naon deui nu leuwih endah manan maot mangsa solat? Anapon kitu, sanajan nedunan standar pikeun disebut film nu alus, tangtu bae AAC aya kakurangannana. Paling heunteu keur kritikus mikung kawas kuring. Salah sahijina, nu pangkarasana: Hanung, atawa Kang Abik?, “sumanget teuing” dina ngabela Islam. Tayohna, kajadian WTC, oge kajadian lianna, ngabebegigan Kang Abik jeung Hanung sangkan meresihan citra Islam tina watek heuras jeung barangasan. Nepi ka maranehna ngarasa perlu ngasupkeun ayana tokoh wartawati Amerika. Kaasup adegan dina beus kota jeung makalah Fachri ngeunaan posisi awewe dina Islam sakumaha nu ditepikeun ka si wartawati tea. Tangtu bae, ku nyodorkeun hal di luhur kuring lain rek nyebutkeun yen Islam teu kudu dibela. Komo, bari nganggap euweuh film-film nu ngagogoreng (atawa ngajejeleh pisan) ajaran atawa masarakat Islam mah. Oge alesan kuring lain sakumaha kritik “kaum salafy”, yen si wartawati teu kaasup kafir dzimmy nu kudu diaping -- alatan Mesir lain nagara Islam. Lain. Tapi, keur kuring, “jihad” gaya Hanung atawa Kang Abik ieu ku cara nyelapkeun tokoh wartawati Amrik eta, rada kaleuleuwihi. Persisna mah verbal teuing. Ngaran Aisha jeung Maria dina eta carita geus mangrupa siloko nu maknana leleb pisan. Aisha, pan ngarujuk ka Siti Aisyah r.a? Ummul mukminin nu pinter tur pertentang. Maria? Dibarungan ku sarua ngagem Kristen Koptik, Kang Abik teu sagawayah make aran Maria mun lain ngarujuk ka Maria Koptiyah (Maryam Qutbiyah), wanoja Mesir nu janten salah sawios isteri Kanjeng Nabi SAW, nu sabada bobot ku Ibrahim jadi titincakan “pagetrengna” para isteri Nabi – salah sahiji fragmen nu paling aheng dina siroh Kanjeng Nabi. Paling heunteu, ku ngaran-ngaran tadi geus cukup negeskeun yen ieu film satemenna nyodorkeun pasoalan nu teu weleh aktual: Poligami nurutkeun ajaran Islam. Bener, kaharti, niat Hanung nyodorkeun atawa ngahadirkeun si wartawati eta pikeun nguatkeun kasolehan Fachri. Tapi, asana, kalungguhan manehna dina ngengklokan kalakuan Maria atawa Nurul jeung nu lianna geus leuwih ti cukup. Lungguh timpuhna Fachri, kasolehan atawa kasantrian manehna, geus kahontal ku akting Fedi Nuril. Karuhan karep manehna nyalametkeun Noura tina pangrangket bapa pulungna mah. Bari, komo, pan kabuktian, nya budak awewe eta nu ahirna ngagejeburkeun manehna ka pangberokan. Pola jalma bageur nu apes kitu, lain bae drama nu nyampak dina kahirupan nyata, tapi salaku carita, dongeng, atawa film karasa dramatis pisan. Ngahudangkeun simpati nu nyampak dina lelembutan tiap manusa (nu waras). Hartina, drama tadi geus cukup pikeun ngagambarkeun kasolehan Fachri. Leuwih ti kitu, perkara si wartawati eta keur kuring karah nambah karasa dadaglideugannana bagean mimiti ieu film. Enya. Kakurangan ieu film teh, bagian mimitina rada dadaligdeugan. Hanung rada ngayayay dina ngawangun dramana. Bisa jadi taki-taki keur ngawangun carita jeung logikana. Tapi, panoong kuring, film ieu cukup dibuka ku dilema Fachri dina milih jodo bari ngagambarkeun sikep Maria jeung Nurul. Satengahing kitu, pecenghul pasoalan Noura jeung saterusna. Malah, hadena mah, Maria teh tong dipaehan. Tembongkeun operasionalisasi Sunah Nabi teh dina kahirupan rumahtangga Fachri-Aisha- Maria. Ambeh kuring, oge lalaki lian nu boga pianatan (baca: kahayang) sarua, leuwih teteg. Tong kadar digambarkeun bingungna Fachri dina ngalayanan dua pamajikannana. Nepi ka kapaksa, sare sorangan di rohang tamu. Hehehe... Di luar kakurangan nu nyampak, siga ceuk tadi: Ieu film negeskeun gedena lolongkrang pikeun film-film nu miboga wanda Islam kawas kieu. Karuhan nu settingna di Timur Tengah mah, nu teu bisa leupas tina citra Islami. Pan, salila ieu, sakalina ngalayap ka luar, film-film urang setting caritana pasti Eropa atawa Amerika. Timur Tengah atawa Asia Tenggara, sigana, leuwih nyambung jeung lelembutan mayoritas masarakat urang. Sanajan, saperti dipikinyaho ku sarerea, ieu film masih dimodalan ku duit jalma kafir. Oge dibarungan ku wanda “fundamentalis” sawatara masarakat muslim sorangan -- kaasup adina Hanung pribadi nu, sakanyaho kuring, ngaharamkeun film jeung... McDonald sakumaha subkultur sawatara pamuda muslim di Yogya jeung Solo. Gang Tengah, 16 Maret 2008 Maman Gantra Jalan Salemba Tengah 51, Jakarta 10440. 0812-940-5441 You rock. That's why Blockbuster' s offering you one month of Blockbuster Total Access, No Cost. <!-- #ygrp-mkp{ border:1px solid #d8d8d8;font-family:Arial;margin:14px 0px;padding:0px 14px;} #ygrp-mkp hr{ border:1px solid #d8d8d8;} #ygrp-mkp #hd{ color:#628c2a;font-size:85%;font-weight:bold;line-height:122%;margin:10px 0px;} #ygrp-mkp #ads{ margin-bottom:10px;} #ygrp-mkp .ad{ padding:0 0;} #ygrp-mkp .ad a{ color:#0000ff;text-decoration:none;} --> <!-- #ygrp-sponsor #ygrp-lc{ font-family:Arial;} #ygrp-sponsor #ygrp-lc #hd{ margin:10px 0px;font-weight:bold;font-size:78%;line-height:122%;} #ygrp-sponsor #ygrp-lc .ad{ margin-bottom:10px;padding:0 0;} --> <!-- #ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, sans-serif;} #ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;} #ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean, sans-serif;} #ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;} #ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;} #ygrp-text{ font-family:Georgia; } #ygrp-text p{ margin:0 0 1em 0;} #ygrp-tpmsgs{ font-family:Arial; clear:both;} #ygrp-vitnav{ padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;} #ygrp-vitnav a{ padding:0 1px;} #ygrp-actbar{ clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;} #ygrp-actbar .left{ float:left;white-space:nowrap;} .bld{font-weight:bold;} #ygrp-grft{ font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;} #ygrp-ft{ font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666; padding:5px 0; } #ygrp-mlmsg #logo{ padding-bottom:10px;} #ygrp-reco { margin-bottom:20px;padding:0px;} #ygrp-reco #reco-head { font-weight:bold;color:#ff7900;} #reco-grpname{ font-weight:bold;margin-top:10px;} #reco-category{ font-size:77%;} #reco-desc{ font-size:77%;} #ygrp-vital{ background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;} #ygrp-vital #vithd{ font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;} #ygrp-vital ul{ padding:0;margin:2px 0;} #ygrp-vital ul li{ list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee; } #ygrp-vital ul li .ct{ font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;} #ygrp-vital ul li .cat{ font-weight:bold;} #ygrp-vital a{ text-decoration:none;} #ygrp-vital a:hover{ text-decoration:underline;} #ygrp-sponsor #hd{ color:#999;font-size:77%;} #ygrp-sponsor #ov{ padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;} #ygrp-sponsor #ov ul{ padding:0 0 0 8px;margin:0;} #ygrp-sponsor #ov li{ list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;} #ygrp-sponsor #ov li a{ text-decoration:none;font-size:130%;} #ygrp-sponsor #nc{ background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;} #ygrp-sponsor .ad{ padding:8px 0;} #ygrp-sponsor .ad #hd1{ font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;} #ygrp-sponsor .ad a{ text-decoration:none;} #ygrp-sponsor .ad a:hover{ text-decoration:underline;} #ygrp-sponsor .ad p{ margin:0;} o{font-size:0;} .MsoNormal{ margin:0 0 0 0;} #ygrp-text tt{ font-size:120%;} blockquote{margin:0 0 0 4px;} .replbq{margin:4;} --> ________________________________________________________ Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

