Assalamu 'alaikum baraya sadayana,

Hapunten anu kasuhun sim kuring hilap teu acan nepangkeun pribados, da ari
ngeusian database kontak mah parantos kamari di dieu :
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/database?query=irfan&submit=Search&method=reportRows&tbl=1
saleresna kapungkur abdi kantos join ka milis ieu teh, mung ngangge keneh
email Yahoo, jadina rindil email, riweuh manage-na, ayeuna mah ngangge Gmail
alhamdulillah rada sakinten,

Nami abdi Irfan Farid, yuswa 30 taun, insya Allah nikah awal taun 2010
(nyuhunkeun pi'duana wae).
Linggih mah di Ujungberung (kompleks Neglasari), mung ayeuna nuju ngumbara
di Batam janten tukang IT-na cenah,
damel di Infinite Frameworks Studios <http://www.frameworks-studios.com>,
nyaeta perusahaan animasi milik Singapura <http://www.frameworks.com.sg> anu
studio-na di Batam.
Alhamdulillah pun studio teh nembe rengse ngadamel hiji film animasi (3d),
nya film eta teh insya Alloh bakal jadi sajarah,
nyaeta film animasi pertama anu dijieun ku animator-animator Indonesia, da
geuning animator-na oge alhamdulillah 99% urang Indonesia,
tapi ari perusahaana mah milik Singapura, komo deuih ari pendanaana mah :D
Insya Alloh film eta wedal ka pasar sasih Juli 2008 di Festival Film Cannes
Perancis (cenah), ke tidinya nembe nyebar kamana-mana sateuacan ka
Indonesia.
Ari judul filmna nyaeta Sing To The Dawn <http://www.singtothedawn.com> (eta
lumayan aya trailer-an, tapi trailerna oge versi 1, teu acan di update ke
sakedap deui).
Ieu film diangkat tina hiji novel karya Minfong Ho. Perkawis kualitas
animasina mah masih keneh tebih sareng DreamWorks atanapi Pixar mah, maklum
da animatorna oge bararudak keneh atuh, jeung saeutik deuih, 40 jalmi, Pixar
atanapi DreamWorks mah ngadamel film animasi teh 300 animator tah geura.

Cekap sakitu heula abdi ngabudah. Bilih aya wargi sadaya anu peryogi kontak
ka abdi mangga tiasa ngangge :
Yahoo Messenger: gutherzig
email : [EMAIL PROTECTED]
hape : +62-811-220-3919

Hatur nuhun, Wassalamu 'alaikum.

NB:
mang Jamal, abdi rumaos kagungan sametan, kantos mesen buku *Sura Seuri Siga
Sero* teu acan dibayar (hehehe), harita teh abdi nyuhunkeun dikintun ka
kantor, tapi abdi kabujeng ngalih, torojol weh bukuna dianteurkeun ku
rerencangan, hapunten, janten ieu kedah kamana mang ? sewu punten, hatur
nuhun.

Kirim email ke