ke ke punten yeuh kuring rek nanya. bisi ieu mah pemahaman kuring salila ieu salah. naha enya paraseuneu teh parako? salila ieu mah kuring nganggap parako teh wadah hawu, sayang hawu. kunaon hawu diwadahan? saperti nu ku urang pada terang baheula mah lante imah teh lain tina tembok atawa batu tapi tina t(p)alupuh atawa papan. jadi supaya seuneu teu kamamana diwadahan parako.
ari para seuneu, jiga para imah.. ayana di luhureun hawu. biasana mah sok dipake keur ngunun jagong supaya gancang garing jeung tahan lila (diawetkeun). nambih: ngaran parako pernah jadi aran sejen embah jayaperkosa (salasaurang tina 4 kandaga lante pajajaran nu nganteurkeun makuta ka sumedang). lain embah parako tapi embah sayanghawu. sugan jeung cenah, d On Wed, Apr 2, 2008 at 4:28 PM, Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > *mj <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: > > Urang kawitan > *Eusi dapur* > Hawu > Paraseuneu ----> Parako > Goah > Jojodog-dingklik > ** > *Nu tina awi* > Hihid > Boboko > Ayakan > Tetenong > Telebug > Besek > Pipiti > Tampir > Nyiru > *Nu tina batu* > Jubleg > Cowet > Mutu > > _ > -- d-: ~karék cénah~

