parobahan jaman, geus nempatkeun bandung jadi puseur kabudayan sunda. malah basa sunda nu dianggap resmi oge basa sunda bandung. salah salima sababna, alatan loba inohong budaya sunda nu dumuk di bdg. sanajan ngan ukur dina teori. da buktina mah bandung teh dayeuh di jawa barat nu pangheterogena, sa endonesa, geus ti jaman kolonial keneh. tapi memang aya keneh spirit kasundaanana, da loba keneh inohong kabudayaan sunda. dina segi kota, modelna pangbaratna, cek prof. sudjok alm.
jakarta geus jadi ibukota republik, warisan kolonial, geus dianggap teu boga ciri lokal. sanajan di dinas kabudayaan mah, basa betawi masih kaasup rumpun bangsa sunda, cara cirebon oge banten. batavia malah geus sukses nyiptakeun "suku bangsa" anyar, betawi. haha. nya meureun cara urang bandung nu teu kabeh urang sunda, tapi geus lila, lahir gede di bandung. tapi soal ngaran jalan, cenah make prinsip, "forgive but not forgotten" US ngahampura ngan moal mopohokeun! ngan eta, tokoh di pihak jawana, raja yogya, padahal majapahit mah di mojokerto jatim, lain bawahan yogya. duka mun ditoongna tina konteks budaya jawa umumna. sigana deui, euweuh tokoh jawa nu relevan jadi wawakil pikeun ngabahas ieu. heuheu. nu kungsi kapanggih mah, taun 90an sok mindeng ka semarang ngalongok ki adi panengah. memeh asup ka semarang, aya ngaran jalan Siliwangi. On Fri, Apr 4, 2008 at 2:42 PM, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sampai sekarang misalnya, tak ada nama jalan Hayam Wuruk atau jalan > Gajah Mada di Tatar sunda. Sebaliknya: juga tak tercantum nama jalan > Padjadjaran atau jalan Siliwangi di Tanah Jawa. > > > Hehe...maca paragraf diluhur asa beda jeung anggapan kuring salila ieu. > Tatar Sunda ku kuring dianggap wewengkong titinggal karajaan Sunda jeung > Galuh lain saukur West Java/Jawa Barat/Pasundan baheula, komo Jawa Barat > ayeuna kamalinaan mun ukur sacangkewok Bandung wungkul! > > Jadi memang bener euy, sigana salah urang-urang keneh. Nyieun surat > ondangan wae...kitu. Batur mah ti baheula ngelegaan wewengkon teh ku perang, > nipu tepika agama oge di jual! Lamun anggeuhan sarua sigana kalimah-kalimah > nu luhur moal engab atawa ngacay kitu wae. Heueuh meureun..ngindungna ka > "bebas baceo" tea. Sok we geura emut jl gajah mada, hayam wuruk pan aya di > jakarta jeung tangerang oge. Pan eta teh....geus bukti, sanajan mere > ngaranna oge meureun dipaksakeun.....nu penting NKRI tea lin? nu geus mutlak > cenah! > > Teuing ketang....mun apalna tatar Sunda teh Bandung wungkul....meureun > nyahona ngan tina....iklan di Bandung TV(?)....Tatar Sunda, Tatar Ukur..... > Heu meurun........ > > Malah kuring mah rek ganti deui nyekel anggeuhan tatar Sunda > teh...wewengkon nu baheulana katelah "Sundaland"....kagok edanlah! > > siporenges > [nu leuwih resep make kecap tatar sunda tinimang west > java/jawabarat/pasundan] > > > > ------------------------------ > You rock. That's why Blockbuster's offering you one month of Blockbuster > Total > Access<http://us.rd.yahoo.com/evt=47523/*http://tc.deals.yahoo.com/tc/blockbuster/text5.com>, > No Cost. > > -- geocities.com/mangjamal mangjamal.multiply.com

